Fikmin - "Ki Jamrong Boyong"
Wanci ngagayuh mubus ka tengah peuting. Ki Jambrong dangdan ngadon rek midang. Dolewak kana Lavender, diulas-ales, ngaluis buuk bodas panjangna. Crot! Crot! deodoran esen menyan bodas, nyebrot kelek kampret hideung kemeumeutna. Kalayang hiber muru dahan kiara kahot nyeuseup hawa angin peuting. Karek ge cle, ucang angge ngeundeukan dahan, rentang-rentang tilu jalma paungku-ungku muru kiara. Gek arandekak sila. Prul haseup parukuyan ngelun. Muput Ki Jamrong nu ucang-ucangan. "Embah! Disuhunkeun tulungna! Ieu putu peryogi kode jitu, kanggo bukaeun Kemis isuk!" ceuk nu rada pendek, husu naker. "Leuh, geus teu aman lembur teh; Ti beurang idibuburak tukang senso; Tengah peuting diudag-udag tukang nalo; Aing kudu geura ingkah ti dieu," gerentes Ki Jamrong. "Barudak hayu urang boyongan ka dayeuh!" Ki Jambrong ngahuit anak-incuna. Nya ti harita Ki Jambrong bumetah di dayeuh. Anak-incuna geus jaradi menak, geus jaradi pajabat.
