Nikah Mut’ah Salah
Satu Syariat Islam
Bukan Syariat Mazhab
Mukaddimah
                Dina
pembahasan ieu urang mertelakeun perihal salah sahiji Syariat Islam anu dina
sabagean diperdebatkeun dina masalah tilu sisi , kahiji masalah ayana eta
syariat, anu kadua masalah dihapus atawa henteuna eta syariat, anu katilu 
masalah
hubungan eta syariat jeung kaayaan urang ayeuna. Eta syariat anu dimaksad
nyaeta NIkah Mut’ah.
                Bahasan
ieu diuangkap sanes maksadna ngajak atawa marentah kana nikah mut’ah, tapi
bahasan ieu ayeuna pikeun penjelasan wungkul kana syariat  Allah , teu
aya maksud sanesna lamun istilahna mah “fi maqamilbayan”  ngan saukur
penjelasan wungkul. Syariat Islam deuk beurat deuk henteu ari penjelasan mah
kudu ayana. Ulah disumput-sumput. Ku Maksad anu disebatkeun dina Quran yen
urang teu meunang ngahalalkeun naon anu diharamkeun ku gusti Allah kitu oge
urang ulah ngharamkeun naon anu dihalalkeun ku Gusti Allah, sabab hal ieu salah
sahiji karakter ahlulkitab anu diancem ku Allah Swt, ku kituna Allah Swt
masihan peringatan ka jalmi beriman saperti dina ayat:
يا
أَيُّهَا الَّذينَ آمَنُوا لا تُحَرِّمُوا طَيِّباتِ ما أَحَلَّ اللهُ لَكُمْ وَلا
تَعْتَدُوا إِنَّ اللهَ لا يُحِبُّ الْمُعْتَدينَ
Hai orang-orang yang beriman, janganlah
kamu haramkan apa-apa yang baik yang telah Allah halalkan bagimu, dan janganlah
kamu melampaui batas. Sesungguhnya Allah tidak menyukai orang-orang yang
melampaui batas.
 (Almaidah: 87)
 
Larangan ngarubah-rubah naon anu tos ditetapkeun ku Allah Swt
 
وَلا تَقُولُوا لِما تَصِفُ أَلْسِنَتُكُمُ الْكَذِبَ
هذا حَلالٌ وَ هذا حَرامٌ لِتَفْتَرُوا عَلَى اللهِ الْكَذِبَ إِنَّ الَّذينَ
يَفْتَرُونَ عَلَى اللهِ الْكَذِبَ لا يُفْلِحُونَ
Dan lantaran kebohongan yang selalu
mengalir dari lidahmu, janganlah kamu mengatakan, “Ini halal dan ini haram”, 
demi
mengada-adakan kebohongan terhadap Allah. Sesungguhnya orang-orang yang 
mengada-adakan
kebohongan terhadap Allah tiadalah beruntung.
(Annahl: 116)
 
فَمَنِ افْتَرى‏ عَلَى
اللهِ الْكَذِبَ مِنْ بَعْدِ ذلِكَ فَأُولئِكَ هُمُ الظَّالِمُونَ
Maka barang siapa mengada-adakan dusta
terhadap Allah sesudah itu, maka merekalah orang-orang yang zalim.
(Ali imran :94)
 
Ku Kituna, Maksad pembahasan ieu ngan saukur penjelasan kana naon-naon anu
diterangkeun Allah sareng nabina dina Alquran. Perihal hal-hal lainnya , balik
deui kana mukallaf masing-masing.
                Mudah-mudahan ku
penjelasan ringkes ieu urang tiasa ningali kana naon anu bener naon anu salah,
naon anu fitnah naon anu lainna, kulantaran sabagean ti golongan wahabi anu tos
tertanam kebencianana ka Umat Islam umumna khususna ka syiah, nyebarkeun
buku-buku fitnah anu henteu aya dalil sareng penjelasan anu jelas jeung bener. 
Maksud
aranjeuna ngan saukur nyieun karusuhan sareng fitnah kana golongan lainna. 
Nyumputkeun
naon anu kudu dijelaskeun, ngaya-ngaya naon anu euweuh, bari jeung aib 
maranehanana
disumputkeun tina saku. Mudah-mudahan ku penjelasan ilmiah ieu urang bisa
langkung dewasa kana ruang lingkup elmu anu luas jeung luhur, urang bisa
ngahormatan ka batur jeung ka dulur, urang bisa ati-ati kana pependak naon anu
teu apal dicandak. Insyaallah.
 
 
MATERI
Materi singkat ieu sangaja disusun anu dicandak tina Quran, sareng tafsir
kitab suni, sareng kitab hadits , kitab ulama suni. Henteu dihubungkeun kana
kitab-kitab syiah, kulantaran ari dina syiah mah tos jelas ayana, anu
diperdebatkeun dina Mazhab suni. Mudah-mudahan tahkik (penelitian sim kuring)
ieu tiasa aya faedahna. Tambihan deui ieu sumber ngan saukur SABAGEAn wungkul,
kulantaran ku seueurna sumber kana ayana nikah Mut’ah  ieu.
(ngan meureun lamun aya salah ketik, atawa kesalahan lainna, koreksi wae,
bilih teu ka edit...)
Pembahasan ieu urang bagi kana 7 sesi :
1. Penjelasan tafsir ayat nikah mut’ah (Annisa :24)
2. Riwayat anu ngajelaskeun nikah Mut’ah
3. Keterangan Nikah Mutah ti para sahabat
4. Keterangan nikah mut’ah ti para tabiin, jeung ti paraulama suni , fuqaha 
suni sareng penjelasanana
5. Dalil-dalil kana pelarangan atawa penghapusan Nikah Mut’ah anu sabagean
tos disebatkeun ku kang SP dina milis ieu sareng jawaban anu eusina nikah mut’ah
teu dihapus nepi ka akhir zaman.
6. Kerancuan nikah Misyar (wahabi) , Ijtihad tanpa dalil, perbedaan jeung
nikah mut’ah, sareng tanya jawab.
7. Kesimpulan 


Zen

Kirim email ke