Analisis makro nu sae bah Willy. disebat makro sabab ningalna ti kajauhan,
sanes detil. Ibarat ningal peta dina map. atanapi ningal gunung ti kajauhan
tiasa katingalna endah. atanapi ningal bulan ti kajauhan, da ti kadeukeutan mah
bulan teh korodok.
cara ningali (sudut nenjo) atanapi 'frame of referrence' ieu penting disamikeun
heula.upami teu sami sudutnenjona tiasa jadi pacogregan nu teu aya tungtungna.
contona sepertos kawin sirri/mut'ah/misyar/ngentot mayar. Upami ditingali tina
sudut nenjo makro kacipta kumaha matak gegerna, lamun ieu dijadikeun hukum
positip. Tah upami suduttenjo mikro mah nya kasebatna resiko di tanggung
sorangan-sorangan. Nu pasti mah dagang heuncet moal bisa leungit da geus aya ti
zaman Firaun didudukuy.
Janten kitu tah, mangga nyanggakeun ka karepna sewang-sewangan.
Nu pentingmah, upami tos laki-rabi teras hoyong itil paleuleuwih, tong hilap
lebet heula janten syiah, jeung tong hilap kedah mayar. Upami teu mayar: tiasa
dirajam sabab merkokos namina.
salam
gm
------------------------------
Pada Sel, 27 Des 2011 11.44 ICT Waluya menulis:
>Nengetan perkara hog-hagna Sunni vs Syiah di millis kisunda, jadi ras inget
>moal boa di sumber asalna malah leuwih ragot deui, kabuktian ku lobana bom nu
>ngabeledug di Irak, Afghanistan jeung Pakistan (malah aya nu dibeledugkeun di
>jero masjid). Di Arab Saudi siga tengtrem, kulantaran kaum Syiah minoritas
>jeung ceuk cenah mah kacida ditekenna. Kaum Syiah Arab Saudi ayana di beulah
>wetan nu beunghar ku cadangan minyak. Sabalikna di Iran, Sunni nu minoritas,
>ieu oge diteken. Di Iran aya pemberontak ti kalangan Sunni. Urang Iran
>"ngagerean" urang Afganistan nu Syiah (oge di Pakistan), sabalikna Arab Saudi
>baheula samemeh (9/11) ngadukung Taliban nu Sunni. Akibatna kawasan ieu
>sanajan asup kana kawasan Asia Kidul, kaasup kawasan harengheng oge.
>
>Teu tengtremna kahirupan di kawasan Wetan-Tengah jeung Asia Kidul beulah
>kulon, cenah mah nyaruaan kajadian di Eropa di Abad 17/18. Di jaman harita di
>Eropa aya pertentangan aliran kaagamaan jeung etnik nu nyababkeun eksodusna
>sacara gede-gedean urang Eropa ka Benua anyar, Amerika. Tah ayeuna, nu eksodus
>teh ti Kawasan Wetan- Tengah jeung Asia Kidul, tujuanana nu paling gampang
>katepi, Australia. Nu cilaka eksodusna ngaliwatan Indonesia. Geus sababraha
>kali Indonesia "katempuhan buntut maung" nulungan para imigran ieu tikelebek
>di laut.
>
>Lamun nempo kitu, kawasan Wetan-Tengah plus sabagian Asia Kidul, siga tempat
>nu geus jadi tempat nu euweuh pangharepan, mimiti ditarlinggalkeun ku
>pendudukna, neangan kahirupan nu leuwih nengtremkeun. Pertentangan aliran
>agama jeung etnik, panyababna. Mudah-mudahan urang Sunda mah ulah kabawa-bawa
>siga urang wetan-Tengah, sanajan urang jauh leuwih deukeut eukuer ngungsi, ka
>Australia ...hahahaha
>
>Baktos,
>WALUYA
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/