Urang teruskeun.

Dina lalakon, geus kapalang Si Jalma make papakean kulit macan. Mun hayang
Si Jalma aya unsur ikon Sunda, kapaksa kudu aya proses babalik pikir, tobat
tina enggeus-enggeus. Bisa wae misalna ngaliwatan ngimpi panggih jeung
guruna. Dipapagahan teu meunang make pakean macan. Sabab bisi diturutan ku
begal sejenna. Matak tereh tumpur eta maung. Mun nilik kana kaayaan maung
nu populsina teu pati loba, rada kurang pasa jagoan Tatar Sunda make
papakean macan. Beda jeung urang Indian, Bison teh populasina kacida
gereyekna. Numatak teu aneh, salian keur dahareun, kulitna keur pakean
jeung pakakas sejen.

2011/12/29 Ki Hasan <[email protected]>

> Noong atribut si Jalma, jigana Bah AA rada ka kapangaruhan ku tokoh Tarzan
> atawa jagoan Indian Amerika. Si Jalma make rompi, bengker leungeun,
> beubeur, jeung kantong kulit macan. Lebah dieu si Jalma nu jadi tokoh
> utama, bakal ngawakilan ideologi naon nu ku Bah AA rek dilarapkeun ka ieu
> tokoh. Nu geus katara, si Jalma geus dijagoankeun jeung disantrikeun. Bisa
> wae misalnya, si Jalma jadi tokoh santri Syiah, Sunni, Ahmadi, atawa
> Wahabi. Hahaha. Atawa bisa oge upama si Jalma rek dijadikeun santri Islam
> moderat nu nyunda. Indikasi santrina geus katara. Tinggal indikator
> nyudana. Lebah dieu misalna bisa diwakilan ku papakean si Jalma. Bakal
> mantep mun si Jalma make pangsi jeung kampret hideung. Teu kaliwat, iket
> jawarana.
>
> 2011/12/28 Abbas Amin <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Waktu shubuh, Jalma shalat shubuh, ngan ukur dimamuman ku Ki Gandi;
>> lantaran nu sejen mah masih sarare keneh. Jalma oge teu ngahudangkeun,
>> karunya cenah masih carapeeun.****
>>
>> **
>>
>

Kirim email ke