Pohara.. Kuring jadi beuki panasaran..! Aya teu DVD-na di sisi jalan.. Ki Abbas?
-hahahaha- Rampes™ Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 29 Dec 2011 14:32:08 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sund ka-34 Ki Darga laju nunjuk ka Jalma:”Eh Pendekar Maung Sancang ! Ti iraha maneh ngangkat ngaran jeung diri di ieu Kaum Persilatan !? Kula asa kakara panggih ayeuna. Tah mun maneh keok, eta baju bakal dirorod ku Kula ! Lantaran maneh wani2 cucungah !” Jalma ayeuna mah nangtung:”Eh tong loba pidato kambrat2 Maung Hideung ! mun enya bisa sok maju !” Jalma ngahaja nangtang, Ki Darga geus rek luncat, tapi dicekelan leungeunna ku Ki Wira:”Ke heula, pan urang rek Adu Jago; sok atuh ajukeun Jago ti urang. Piraku eleh sugan, ku bocah nu masih bau jaringao kitu !” Ki Darga teu jadi maju, terus we nitah ki Uca,Ki Dada jeung Ki Jumsa ngawakilan. Ki Uca kacida nguntupna, barang maju terus ngomong ka Jalma:”Sok kaluarkeun senjata maneh, Jang, hayang nyaho teuas henteu tah kulit jeung daging maneh teh.” Jalma maju, terus ngahormat saeutik, nya masang kuda2 Cikalongan. Nempo ketak Jalma Ki Uca nyakakak :”Mana senjata maneh? Sok kaluarkeun.” Jalma ngomong, ngahaja ngahoa:”Ah jeung cacing cau Maung Hideung mah, teu kudu make senjata............” Kakara ge sakitu, Ki Uca teu tahan deui, terus nyerbu, bari nyentak:”Tong nyalahkeun aing, mun beuheung sia sapat !” Ki Uca mani napsu pisan, manehna keuheul lantaran Jalma siga nu nganggap enteng pisan, terus wae dua bedogna diubat abitkeun kenceng pisan; tapi Jalma oge balucat balicet di antara sinar bedog; teu katoel baju2na acan. Ki Uca ngeureunan heula nyerangna terus ngadeukeutan Jalma lalaunan bari ngubat ngabit bedogna; maksudna mun geus deukeut kakara rek ditigaskeun; tapi manehna kakara niat kitu, Jalma ngan sakilat geus hareupeun pisan, barang bedog diheumbatkeun, kek bae leungeunna duanana katewak; ngan sakilat ku Jalma eta dua bedog diadukeun disalurkeun tanaga manehna ka na leungeun Ki Uca; atuh barang srek ! barang peletak we dua bedog teh parotong; Jalma nambahan hiji peureup keuna pisan ka na puhu ceulina; atuh Ki Uca harita keneh ngagubrag niban lemah, les we kapaehan. Ribut Urang Maung Hideung; loba nu rek maraju; Jalma gancang nyarita:”Hehehehe, jadi Maung Hideung biasa koroyokan ?” Ki Joyo nyentak:”Mundur siah ! awas aya nu wani maju ku aing diheulakeun !” Ki Darga jeung Ki Wira, ayeuna mah kakara beunta, nenjo kajadian Jalma bisa ngelehkeun Ki Uca; paingan atuh urang Pasir Buncit, siga nu gede hate, rupana memang boga Jago ieu; wah nyata mamake baju Maung Sancang lain sakadar mamake wungkul; Ki Darga bingung, naha adu jago bakal diteruskeun ? Lantaran meureun Ki Dada jeung Ki Jumsa oge pasti elehna ? Lamun koroyokan, meureun ngaran Masung Hideung bakal ragrag, pamorna bakal runtuh, bakal kasurak ku Jelema rea ! Sajeroning KI Wira jeung Ki Darga mikir kitu, Ki Jumsa geus maju manten, nya diantep we, bari hayang nyaho kumaha hasilna ? keun kuma engke we; kitu pikiran Ki Darga jeung Ki Wira. Ki Jumsa kasohor di Maung Hideung mah Jago pang kesitna, soal kalincahan jeung kacepetan mah, nya manehna nu jago. Manehna tadi nempo oge yen Jalma ngandelkeun kakesitan; manehna ge rada reuwas nempo kakesitan Jalma, naha manehna bisa teu ngalawanana ? Ki Jumsa ragu2; tapi manehna geus ditunjuk, nya kapaksa maju, terus sura seuri ka Jalma:”Hehehe, budak ngora, enya geuning jagoan maneh teh, cing uing hayang nyaho, nepi ka mana kajagoan ilaing !?” Jalma ngajawab, rada ketus:”Sok we lah tong susumbar; kuring ngadago gerak andika !” Ki Jumsa jerelet lumpat ngurilingan Jalma, terus neangan dimana kalemahan Jalma, ku Jalma diantep we, bari terus waspada; geus tilu kuriling, kaciri Jalma teu usik2 melong terus ka hareup, badan teu geser; lakadalah ieu budak ngora can pangalaman, ku aing didodoho siah; kitu pikir Ki Jumsa; saterusna Jumsa ngan sakilat nyabok ka Jalma, anu terusna ti tukangeun ngagedig beuheung Jalma. Tapi Jalma boga indra kagenep; nya eta bisa ngabedakeun mana tinggangan pancingan , mana nu enyaan; karasa cabokan ti hareup mah pancingan wungkul, ngan sakilat ngagilek, Jalma geus nyekel leungeun Ki Jumsa, dicekel terus diparieuskeun. barang Jumsa ngadudut leungeun lantaran ngarasa nyeri, Ku Jalma dilesotkeun bari sakalian dijejek iga burungna, atuh Ki Jumsa ngabangkieung pisan, terus disurungkeun ku Jalma nepi ka tigugulitik jauh pisan; nu ieu ge les we kapaehan. Darga teu tahan nempo dua Jagona eleh ngan ukur sakeudeung pisan, terus nyorowok:”Ah teu meunang dibere omber ieu Urang Pasir Buncit teh ! Sok we serbu ayeuna mah !” HANCA
