Sae pisan kang Zen, mangga dibejerbeaskeun dugi ka cacap, sigana bakal kosong 
masigit mun diteruskeun ka lebah dinya, Baitullah moal pada ngajugjug deui da 
puguh mere watesan, syirik moal dipercaya deui da puguh euweuh 
bandingkeuneunana kanggo Anjeuna, komo ukur dibandingkeun jeung patung atawa 
kuburan mah.



________________________________
 From: Mohammad zen <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]> 
Sent: Friday, December 30, 2011 1:08 AM
Subject: [kisunda] Dimana Allah???
 

  
Assalamualaikum 
 wr wb

Pembahasan ieu ti kang Abbas... sae kanggo dibahas 


kapungkur kantos dibahas sakeudik urang nambut wae dawuhan Imam Ali as kanggo  
ngajawab ieu dina nahjul balaghah 



أَوَّلُ اَلدِّينِ مَعْرِفَتُهُ وَ كَمَالُ مَعْرِفَتِهِ اَلتَّصْدِيقُ بِهِ وَ
كَمَالُ اَلتَّصْدِيقِ بِهِ تَوْحِيدُهُ وَ كَمَالُ تَوْحِيدِهِ اَلْإِخْلاَصُ لَهُ
وَ كَمَالُ اَلْإِخْلاَصِ لَهُ نَفْيُ اَلصِّفَاتِ عَنْهُ لِشَهَادَةِ كُلِّ صِفَةٍ
أَنَّهَا غَيْرُ اَلْمَوْصُوفِ وَ شَهَادَةِ كُلِّ مَوْصُوفٍ أَنَّهُ غَيْرُ 
اَلصِّفَةِ
فَمَنْ وَصَفَ اَللَّهَ سُبْحَانَهُ فَقَدْ قَرَنَهُ وَ مَنْ قَرَنَهُ فَقَدْ 
ثَنَّاهُ
وَ مَنْ ثَنَّاهُ فَقَدْ جَزَّأَهُ وَ مَنْ جَزَّأَهُ فَقَدْ جَهِلَهُ وَ مَنْ 
جَهِلَهُ
فَقَدْ أَشَارَ إِلَيْهِ وَ مَنْ أَشَارَ إِلَيْهِ فَقَدْ حَدَّهُ وَ مَنْ حَدَّهُ
فَقَدْ عَدَّهُ وَ مَنْ قَالَ فِيمَ فَقَدْ ضَمَّنَهُ وَ مَنْ قَالَ عَلاَمَ فَقَدْ
أَخْلَى مِنْهُ
كَائِنٌ لاَ عَنْ حَدَثٍ مَوْجُودٌ لاَ عَنْ عَدَمٍ مَعَ كُلِّ شَيْ ءٍ
لاَ بِمُقَارَنَةٍ وَ غَيْرُ كُلِّ شَيْ ءٍ لاَ بِمُزَايَلَةٍ فَاعِلٌ لاَ 
بِمَعْنَى
اَلْحَرَكَاتِ وَ اَلآْلَةِ بَصِيرٌ إِذْ لاَ مَنْظُورَ إِلَيْهِ مِنْ خَلْقِهِ 
مُتَوَحِّدٌ
إِذْ لاَ سَكَنَ يَسْتَأْنِسُ بِهِ وَ لاَ يَسْتَوْحِشُ لِفَقْدِهِ
 
Awwal dina Agama nyaeta Makrifat,
kasempurnaan makrifat nyaeta ngabenerkeun (ngayakinkeun Anjeunna/Pangeran),
Kasempurnaan kayakinan ka Anjeunna nyaeta ngaesakeunNA, kasempurnaan
NgaesakeuNana nyaeta ikhlas kanggo Anjeunna, Kasempurnaan Ikhlash nyaeta nolak
kana sagala pensifatan (ku sifat makhluk) ka Anjeunana, kulantaran sagala sifat
sanes dzat mausuf (anu disifatkeun), jeung Bukti sagala mausuf sanes dzat
sifat, maka cing saha jalma anu ngasifatan Allah maka tos ngabandingkeun DzatNa
(jeung nu sanesna), cing saha jalma anu ngabandingkeun Dzatna jeung nu sanesna
maka tos ngajadikeunNa dua, cing saha jalma anu ngajadikeuNa Dua maka tos
ngabagi dzatNa, Cing saha Jalma anu tos ngabagi Dzatna maka teu makrifat(jahil)
ka AnjeunNa, Cing saha Jalma anu jahil ka Anjeuna maka tos nunjuk ka Anjeuna,
Cing saha Jalma anu tos nunjuk ka Anjeuna maka tos nyieun batas ka Anjeuna,
cing saha Jalma Anu tos nyieun batas ka Anjeuna, maka tos ngabilang Anjeuna,
Cing saha Jalma anu nyarios dimana? Maka tos nunda Dzat Anjeuna (di hiji
tempat), cing saha Jalma anu naros Diluhur naon Anjeuna? Maka tos ngayakinan
yen Anjeuna teu di luhur tempat sanesna,
Anjeunna Aya/wujud tapi lain anu anyar
(diayakeun), Maujud tapi lain tina adam (euweuh). Anjeuna marengan (deukeut)
dina sagala sasuatu tapi lain deukeut fisik, beda tina sagala sasuatu tapi lain
pisah dina sagala sasuatu, Anjeunna Fa’il (anu kuasa ngalakukeun sasuatu) lain
maknana butuh gerak fisik jeung alat, Teu aya anu bisa ningali fisik ti makhluk
ka Anjeuna, Mutawahhid (hiji), maka teu aya tempat anu bisa ngasifatan ka
anjeuna, teu aya oge anu teu ditempatan kulantaran (teu aya tempat).
 
 
Dawuhan Imam Ali as murid Rasulullah saw anu indah tur pinuh
ku makna falsafah jeung irfan...lamun dibahas mungkin bisa jadi kajian elmu
falsafah, ushuluddin, jeung irfan tasawuf.
 
Wassalam
 
Zen

 

Kirim email ke