Jejen Jaelani W
Fikmin#Adirata Meunang Bagja#

Wanci sumirat balebat, Adirata, kusir karajaan Astina sipeunteu di walungan
Gangga, tapi teu kinten ngagebegna barang socana ningal ka hilir bet aya
kandaga cahayaan ngangkleung. Teu ngemut panjang deui kusir Adirata enggal
ngojay mapag kandaga nu murub mubyar, lajeng dicandak ka sisi bari teras
dibuka. Adirata ngagebeg barang ningal eusikandaga teh jabang bayi nu teu
kinten kasep sareng gagahna bari nganggo anggoan perang Kotang Kere
Kaswargan, sabangsa baju beusi nu kacida ipisna bari tos rapet kana kulitna
dina cepilna katingal aya Anting Mustika.

Adirata teu kinten bingahna, sok komo salami rumah tangga Sareng Rada, nu
janten garwana teu dipasihan turunan. Kandaga dirawu bari satengah lumpat
dicandak ka bumina, Rada teu kinten bingahna, asa karagragan bulan, sok
komo ningal jabang bayi sapertos sanes turunan samanea, kandaga dicapaan,
gorehel aya kertas nu nguningakeun mun asma eta jabang bayi teh Karna.
Kalawan pinuh kaiklasan disarengan ku bingah, Adirata sareng Rada ngarorok
Karna, malihanan namina ge digentos janten Wasusena, jalaran waktos
kapendak nganggo anggoan perang, malih katelah oge ku nami Radea, nyandak
tina nami ibu nu ngarorokna, Rada. Jaga ieu Radea bakal nyangking
kalungguhan dipati nu ngereh wewengkon Awangga, malah dina mangsa perang
tanding sareng panengah Pandawa, Karna nembe uninga mun nu ngakandungna teh
Dewi Kunti Nalibrata bari diyuga ku Batara Surya.

Kirim email ke