Mun nyarita garihalna ngenaan tahun masehi, naha urang muslim nyahoeun 
kana asal muasal jeung ngaran bulan di tiap bulanna tahun masehi ieu? mun 
nyahoeun asa piraku nyah eta ngarayakeun taun baru meni sataker kebek melaan 
henteu sare, melaan ngantri dina macetna jalan, melaan meli petasan ratusan 
rebu, komo budak ngora anu atah adol jor-joran meli cai weureu sampe ka teler, 
komo sampe aya anu paeh kacilakaan, pastina unsur mudarot lewih gede batan 
manfaat dina acara taun baru. Anu hirup pas-pasan tuturut munding melaan taun 
baru "duit beak, anu penting happy sataun sakali, isukan kumaha engke".  
Lain uing ngagenggreuhkeun kana cara taun baruan, asa kumaha nyah, jiga isukan 
maranehanana bakal meunang kasenang hirup. Padahal hirup hayang sukses pan kudu 
disiar jeung usaha, moal aya carita jelema ngajedog wae di imah bisa hirup 
hayang benghar. Kuduna mah taun baru boh masehi atawa hijriah teh pikeun noong 
diri (intropeksi). Naon bae di taun anu kaliwat anu geus dilampah, mun goreng 
tinggalkeun jeung hadean sangkan alu, anu bagus tingkatkeun, mun loba dosa 
tarobat. Sakumaha Nabi Saw. :  "Saha jalma anu poe ieu leuwih alus ti poe 
kamari, mangka manehna kaasup jalma anu untung, jeung saha jalma anu poe ieu 
sarua jeung poe kamari, mangka manehn kaasup jelema anu rugi, sedengkeun saha 
jalma anu poe ieu leuwih goreng ti poe kamari mangka manehna kaasup jalma anu 
panglaknatna" (H.R. Dailami).
 
Pesen eta hadits di luhur teges jeung eces. Yen parobahan sikap, tindak tanduk 
jeung parbuatan hal anu penting di tiap-tiap manusa tina aktivitas hirupna 
dituntut pikeun terus-terusan ningkatekeun diri ti poe ka poe. Nya kuduna mah 
eta taun baru teh taun pikeun mawas diri, tafakur ngareungkeun naon bae anu 
geus dilakonan, sangkan taun anu baris dihareupan ieu leuwih alus, sukses tina 
karir, sukses tina rumah tangga, sukses tina pendidikan jeung sukses boga 
pamajikan deui, bener teu????

Kirim email ke