Tah dongeng di handap mah kaalaman pisan. Dua kali malahan mah. Sakali keur
di Bandung, ka tempat kosan aya budak awewe nu maluruh. Pedah ngaran uing
tukangna jiba Batak. Sakali deui keur di bank, di Borneo. Balik ti kasir
aya nu megat. Pedah kasir baheula mah sok ngabsen giliran.

Pola kekerabatan nu raket jeung batur salembur, jiga urang Batak teh, nu
kungsi manggih mah, aya oge di urang Bugis. Najan manehna mah teu make
ngaran kulawarga oge, papada apal jeung baturna nu sadaerah, nu dumuk di
hiji kota. Maranehna mah nyusudna lain make ciri ngaran, tapi dumeh di tiap
daerah aya beungkeutanana.

2012/1/4 mang jamal <[email protected]>

> **
>
> Urang batak baroga ngaran kulawarga/marga jeung dipake. Jadi gampang
> nyirian pikeun identitas. Aya dongeng: basa ka walanda bareng jeung istri
> urg batak s3na di sappk itb. Margana sebayang. Neangan ngaran sebayang di
> fesbuk. Loba. Diteangan nu dumuk di walanda, manggih. Pancakaki we. Jadi
> wawuh terus we manehna bisa ngendong di imahna di walanda.
>
>

Kirim email ke