Ku sanan nakal tamat; tah ayeuna mah dilobaan sakalian

Episode ka 22 : Ti na Musuh jadi Balad

 

Sajongjongan mah Jalma teu bisa ngomong naon2; lantaran teu
nyangka ieu Ki Darga nu sakitu angkuhna, bakal masrahkeun diri cara kitu. Tuluy
akhirna Jalma nyampeurkeun, terus wae eta Ki Darga dirangkul ,  disina nangtung.

 Pok Jalma nyarita:”
Ieu kajadian teh, saenyana teu kudu aya, mun ti awal urang sarerea bisa nahan
diri; tapi ieu hiji hikmah; moal aya hiji mimitran nu raket, mun teu diawalan
ku hiji kajadian model ayeuna; yu atuh ayeuna mah maning nguruskeun nu carilaka,
bari mere nyaho ka sakabeh anak buah urang, yen urang teh ayeuna geus akur.”

Nya atuh bari masih lungse Ki Darga jeung Ki Wira jung
narangtung, keur kitu Ki Jara jeung nu sejenna ti Pasir Buncit oge kalaluar. Ki
Jara dibejaan ku Jalma, yen saenyana Ki Darga sabalad balad teh lain musuh,
jeung teu pantes dimusuhan, nya akhirna Ki Jara sasalaman jeung para pamimpin
Maung Hideung.

Loba pisan nu carilaka, umumna taratu, aya nu beurat, aya nu
enteng, aya oge nu terus maot, untung teu loba.

Ku Jalma Ki Darga jeung Ki Wira dihormat pisan, lantaran
masing kalah kumaha oge Jalma masih keneh sahandapeun Ki Darga di na soal umur,
jadi Jalma ngahargaan pisan ka Ki Darga.

Joyo Sembodo, nu masih lungse oge dihormat ku Jalma, ayeuna
mah Ki Joyo teu wani deui adigung adiguna, lantaran geus apal ka na kabisa
Jalma.

KI Jara jeung nu sejenna teu protes ka na kalakuan Jalma
ngahormat eta para tamu ti Maung Hideung, lantaran kahiji memang Jalma geus
jadi Pamimpin Pasir Buncit; atuh kaduana memang pantes pisan Jalma dijadikeun
pamimpin. Jadi memang para begal geus taluk lahir batin ku Jalma teh; lantaran
lain wungkul ku kagagahan, tapi oge Jalma bisa ngahargan ka maranehna, teu
kumaki ieu aing pangjagona.  

HANCA


Kirim email ke