Pasti langkung rame upama aya cersil, jaman Ki Nurustunjung keur nanjung. 
Sigana si Ua Abbas ngahaja nyimpen cersil ki Nurustunjung, ngaheulakeun ki 
Jalma.

Baktos,

mrachmatrawyani



________________________________
 From: Abbas Amin <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
Sent: Tuesday, January 3, 2012 8:08 PM
Subject: [Urang Sunda] Cersil Sunda ka 39
 

  
Memang eta tongkat katewak tapi Ki Darga terus nyorongkeun
tapak leungeunna ngajuju dada Jalma; rada kaget oge Jalma, mun terus ngarebut
tongkat Haur Koneng, pasti dadana kakeunaan, mangkaning kaciri eta tapak teh
rada semu beureum tanda yen ngagem elmu baraja nu matak bahaya oge; nya atuh
Jalma ngaleupaskeun tongkat terus luncat katukang rada jauh.

Eta nu garelut teh teu kanyahoaan; geus aya puluhan jurusna
lantaran kabehanana karesit jeung garagah, jadi teu karasa gelutna geus rada
lila oge. 

Ayeuna Jalma apal, yen Ki Darga salian ti boga Elmu tongkat,
oge boga Elmu Tapak Baraja ; jadi kudu ati2 pisan nyanghareupanana; pantesan
atuh si Darga jadi Pamipin Maung Hideung, kitu pikiran Jalma.

Ayeuna Anggota2 Pasukan Maung Hideung nu nyesa, teu waranieun
deui ngadeukeutan tempat nu loba tangkal kai, kitu deui ngadeukeutan nu tarung,
lantaran sieun kabarerang, maranehna malah lalajo we ti kajauhan, teu inget
deui ka na tugas maranehna. Ari Urang Pasir Buncit ngintip bari deg2an lantaran
nempo hebatna ieu nu tarung; loba oge nu keleyengan lieur nempo nu campuh
tarung, sabab panon maranehna teu bisa deui milu nuturkeun sakabeh gerakan nu
tarung; Ki Jara oge rada lieur nempo nu tarung sakitu carepetna; manehna 
ngabirigidig
oge, emh mun aing sakali ge geus ngajongkeng tah ku Ki Darga teh. 

Ayeuna nu ngepung tinggal duaan deui , nya eta Ki Darga jeung
Ki Wira; Ki Seta keur ngudag tongkatna nu dibalangkeun ku Jalma; atuh Ki Gondo
masih ngarasakeun puyeng, sabab kacabok tarik pisan .

Ki Darga ku sabab boga Aji Tapak Braja, masih ngarasa yakin
bisa ngalawanan Jalma, tapi ari Ki Wira mah kayakinan bakal meunang turun
pisan, jeung manehna geus ngarasa cape pisan, sabab umur geus kolot, tarung nu
sakitu lilana.
Jalma saenyana geus ngarasa cape oge, lantaran kakara ayeuna
manehna enya2 tarung, da basa jeung para begal Pasir Buncit mah satengah
ngaheureuyan; tapi Jalma nyaho yen lawan2na leuwih cape deui ti batan manehna.

Jalma ayeuna ngaluarkeun senjata nu seukeut kabeh tea, pok
nyarita:”Ki Darga, naha andika masih hayang neruskeun ieu pertempuran ? Tuh
tempo Ki Wira geus capeeun pisan. Kuring masih boga senjata nu can dikaluarkeun;
naha sampeyan bakal sanggup narimana !?”

HANCA
  
 

Kirim email ke