Lamun di posting tina facebook pasti tos di contreng "Like" sarebu kali.
 
Jadi kaingetan keur di lembur basa ngahiji keneh jeung kolot. Hiji mangsa kang 
RT datang isuk-isuk nawarkeun jasa gawe rek meresihan buruan, 
 
RT: "Pak, urang beresihan ku abdi eta buruan teh ngarah jukutna henteu barala"
Bapa: "Da bapa mah teu boga buruan, eta mah buruan batur"
RT: "Atuh ieu we bumi Bapa ku abdi bade diberesihan luarna, ngarah teu karebul 
tembokna"
Bapa: "Ah keun we lah da imah kolot ieuh, teu perlu diberesihan tembokna"
RT: "Sanes Pa, abdi teh nuju ditungguan seeng nyengsreng ieu teh janten pami 
uduh manah mah, pasihan abdi padamelan supados aya candakeun kanggo barudak"
Bapa: "Ari kitu mah tong seueur saur atuh, tah keur beasna jeung keur barudak" 
bari golosor mahanan duit.
RT; "Hatur nuhun Pa, katampi pisan. Tapi sim abdi moal nampi pamasihan Bapa 
pami teu ditebus ku tanagi mah", kitu na teh bari kekepesan
Bapa: " Nya teu langkung atuh, ari kudu-kudu teuing mah baranggawe, tuh 
beresihan jalan umum ngarah berseka lembur"
Sanggeus kitu kang RT teh permios bari terus digawe meresihan jalan anu barala 
ku jukut. 
 
Kitu dunungan.......da meni ngangres kana hate ari inget ka lebah dinya teh.
 
 

________________________________
From: Mang Kaby <[email protected]>
To: UrangSunda <[email protected]>; Baraya_Sunda 
<[email protected]>; Kisunda <[email protected]>; Kota Bogor 
<[email protected]> 
Sent: Wednesday, January 4, 2012 2:32 PM
Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Sumanget (mun.................)


  
Manstaaaaaaaaaaap Juragan :) beyond expectation bahasa linggis na mah :).

Nuhuuuuuns,
New KAsep Mang Kabayan Tea
www.dkabayan.com
ti urang, ku urang, keur balarea

________________________________

From: YADI supriadi wendy <[email protected]> 
Sender: [email protected] 
Date: Wed, 04 Jan 2012 13:28:51 +0700
To: <[email protected]>
ReplyTo: [email protected] 
Subject: [Urang Sunda] Sumanget (mun.................)
  
Aya budak lalaki asup ka hiji toko. Manehna nyokot salah sahiji peti, terus 
ngadorongna ka deukeut tempat telepon koin. Peti tadi ditaekan, supaya bisa 
mencet kenop-kenop nomer kalayan laluasa. Terus dipencetan kenop-kenop eta, 
pikeun ngebel salah sahiji nomer telpon. Nu boga toko nyerangkeun paripolah 
budak tadi, bari ngadedengekeun obrolan budak eta dina telpon.
Budak: “Ibu, naha abdi tiasa kenging motongan jukut di halaman bumi Ibu?”
Ibu (sora di peuntas telpon): “Oh Ibu tos gaduh nu migawena”
Budak: “Ibu tiasa mayar abdi satengahna tina buruh padamel Ibu”
Ibu: “Hmm teu tiasa, sabab Ibu tos ngarasa sugema kana pagaweanna”
Budak (bari rada maksa): “Abdi oge bade sakantenan nyapuan sisi trotoar bumi 
Ibu, sareng abdi ngajamin dina dinten Minggu halaman bumi Ibu bakal janten bumi 
pang asrina di saantawis bumi-bumi sakomplek Ibu”
Ibu: “Henteu ah, nuhun”.
Bari keom si budak neundeun gagang tenpon kana tempatna. Nu boga toko, nu ti 
tadi nyerangkeun, ngadeukeutan si budak bari pok nyarita.
Nu boga toko: “Ujang, Bapa resep kana sikap anjeun nu semangat, Bapa rek 
nawarkeun pagawean ka anjeun”.
Budak: “Ah henteu, nuhun”.
Nu boga toko: “Tadi kadenge ku Bapa, anjeun hayang pisan digawe”
Budak: “O itu, abdi mung hoyong ngecek naha pagawean abdi tos nyugemakeun. Abdi 
nu jadi pagawe Ibu tadi….!”
Warmest Regards,

Yadi Supriadi Wendy
.:sent with love:.
 
-- 


Kirim email ke