Dongeng - Ki Bener


Aya hiji jalma ngaranna Ki Bener.

Imahna di sisi sagara, ari gawéna teu aya deui ngan nguseup ku jarum,
eupanna bakatul.

Ari pamajikanana purah buburuh nutu, ngarah bakatulna keur eupan nguseup.

Unggal poé Ki Bener gawéna ngan nguseup baé; kitu deui pamajikanana unggal
poé buburuh nutu baé.

Geus tilu tahun lilana, Ki Bener teu aya deui gawéna ngan nguseup baé dina
sisi sagara, tatapi weléh, teu meunang lauk hji-hiji, kusabab useupna
lempeng, nya éta jarum, jadi lauk di sagara tibatan ngurangan mah anggur
beuki lila beuki ngarosaan, jadi baranakan kalangkung rosana.

Barang geus nepi kana tujuh tahun nguseupna eta Ki Bener, ti dinya
katingali ku ratu lauk, yen lauk di sagara sakitu ngalobaanana.

Ti dinya tuluy sasauran ka baladna kieu lahiranana: “Euy! ayeuna barudak,
urang kudu nyaah kacida mulang tarima, jeung karunya ka Ki Bener, sabab
lauk sakieu lobana unggal poé ku manehna diparaban baé.”

Ti dinya ratu lauk nyaur ka hiji baladna, nyaéta lauk lika, tuluy dihuapan
inten sagedé kalapa, geus kitu, ku ratu dipiwarang nyanggut kana useup Ki
Bener téa.

Gancangna gep baé digégél useup Ki Bener téh.

Ki Bener kagéteun pisan kusabab jeujeurna karasa ngerenyed. Ana dicentok,
bet meunang lauk gedé pisan.

Kacida pisan Ki Bener atoheunana, sarta tuluy éta lauk dibawa balik.

Barang datang ka imahna, tuluy ngomong ka pamajikanana,



pokna: “Nyai, ayeuna manéh masing getol buburuh nutu téh, nya éta ngarah
keur pieupaneun.”

Tina kacida kumawulana ka salaki, pamajikan Ki Bener téh geus teu
ngurus-ngurus kana pakéan: estu wungkul buburuh nutu baé, malah sirahna ogé
mani pinuh ku bakatul.”

Ceuk pamajikanana: “Ki Bener, naha éta lauk téh bet henteu ditolih,
sumawonna didahar, anggur diparos ku upih.” Sabot pamajikanana ngomong
kitu, Ki Bener téh indit ka sisi basisir, bari mawa lauk téa.

Barang nepi ka dinya, kabeneran aya nangkoda kapal keur liwat. Ti dinya Ki
Bener tuluy cecelukan ka nangkoda bari nyekelan jeujeur dina sisi sagara,
pokna: “Juragan nangkoda, ieu kuring wiat lauk haturan raja di Alas
peuntas. Manawi baé raja aya hawatosna ka kuring ku aron sacomot, barubutan
saciwit, duit sapésér.”

“Malahmandar baé hawelaseun ka nu teu gaduh.”

Lahiran nangkoda: “Sok baé teundeun ka dinya, kana parahu.”

Tuluy ku Ki Bener diasupkeun éta lauk kana parahu.

Ti dinya nangkoda layar ka Alas peuntas.

Kakocapkeun, barang geus dongkap ka nagara Alas peuntas, nangkoda téh
énggal ngadeuheus ka raja, kieu piunjukna: “Jisim abdi tadi mendak hiji
jelema, wastana Ki Bener, keur nguseup dina sisi sagara, cecelukan ka jisim
abdi sanggemna ngawiatan lauk keur haturan kangjeng raja.”

Dawuhan raja ka nangkoda: “Mana ayeuna laukna?”

Piunjuk nangkoda: “Sumuhun, ieu, diparos dina upih. Nanging wiatna pun Ki
Bener ka jisim abdi seja nyuhunkeun aron, artos sareng lungsuran panganggo;
kitu ogé manawi aya sih piwelas kangjeng raja; sakitu wiatna ka jisim abdi.”

Saur raja: “sok baé di dinya, keur naon lauk kitu jeung geus bau. Meureun
mo enya meunang di dahar?”



Ti dinya ku raja éta lauk dicoéran ku teteken, bet aya anu ngagorolong tina
peujit lauk téh.

Barang ditingali ku raja, bet inten, geuwat ku raja dirontok, dititimang
bari sasauran. Kieu lahiranana: “Ieu inten, lamun dibeuli ku nagara, mun
ditimbang gedé kénéh harga inten.”

Gancangna, disaur deui éta nangkoda.

Barang dongkap ka payuneun raja, raja ngalahir: “ki nangkoda, ulah waka
layar, kami rék barang kirim ka Ki Bener.”

“Unjuk sumangga”, sanggemna ki nangkoda.

Gancangna, rja nimbalan nyieun carangka ka patih réana tujuh, jangkungna
satoél, gedéna lima kaki. Barang geus sadia, raja nimbalan deui: “kudu
sadia aron sarta asupkeun kana carangka téa, jeung di luhurna tumpangan
duit jeung papakéan.”

Carangka tujuh pinuh kabéh: patengah duit, pakéan jeung aron, dituruban
deui ti luhurna ku aron, supaya teu katara aya pakéan jeung duit.

Énggalna, ku raja dipiwarang dikunjal ka kapal.

Kacaturkeun nangkoda téa sanggeusna tarapti, semprung baé layar.

Barang datang ka sisi basisir, Ki Bener kasampak keur nguseup kénéh,
kawantu gawéna henteu aya deui saumur-umur ngan ngusep baé.

Nangkoda nyaur ka matros-matrosna: “ayeuna ieu pangunjalkeun carangka ka
sisi asisir bikeun ka Ki Bener.”

Saenggeusna carangka dikunjal ku sadayana, nangkoda miwarang deui ka
matros-marosna saurna: “ieu sérénkeun ka Ki Bener dina sisi basisir. Tuh!
geuning, anu keur nguseup, béjakeun paparin ti kangjeng Raja.”

Tuluy ku matrosna carangka téh disérénkeun ka Ki Bener, bari dibéjakeun
paparin raja.

Ceuk Ki Bener: “Nuhun.”



Teu lila datang pamajikanana mawa bakatul.

Ceuk Ki Bener: “Ieu jeueung ku manéh, paparin kangjeng raja ti Alas
peuntas, geuwat ku manéh kunjal ka imah.”

Gancangna dibawaan ka imahna.

Barang datang ka imahna, pék dibuka. Atuh Ki Bener kagéteun kabina-bina,
nenjo duit, papakéan jeung aron sakitu lobana, sarata dipohprol-pohprol
pokna: “Naha, kangjeng raja popohoan teuing maparin téh.”

Wangsul pamajikanana: “Geus bagja urang, meureun hawatoseun raja téh ka nu
malarat.”

Ti dinya Ki Bener tuluy meuli imah anu gedé, meuli kuda, sapi, munding
jeung sagala ingon-ingon.

Atuh sakur anu deukeut ka imahna Ki Bener pada kagét, réh Ki Bener jadi
beunghar ngadak-ngadak.

Ti dinya kaémpér-émpér ka raja, yen Ki Bener jadi sugih.

Tuluy ku raja dipiwarang disaur.

Teu lila Ki Bener dongkap kapayuneun raja, tuluy dipariksa ku raja: “Manéh
boga barang ti mana, nu matak beunghar mapakan ka kami?”

Piunjuk Ki Bener: “Sumuhun, paparin ti kangjeng raja Alas peuntas.”

Saur raja ka Ki Bener: “Bener, kami baréto geus nitah balanja ka Alas
peuntas, tapi titahan kami titeuleum sarta lapur jarum saketi lobana.
Ayeuna manéh ku kami diperih pati kudu meunangkeun deui kabéh, lamun manéh
teu sanggup, tangtu diteukteuk beuheung. Pék, ayeuna ku manéh geura téang.”

Geus kitu, Ki Bener leumpang ka sisi basisir, ceurik dina parantina nguseup.

Katingali ku ratu lauk: “Ku naon”, ceuk ratu lauk, “Ki Bener ceurik dina
sisi basisir?”

Wangsul Ki Bener: “Kaul dipiwarang ku ratu kudu bisa nyokotan dina jero
laut jarum saketi lobana.”



Ceuk ratu lauk: “Montong salempang, Ki Bener, dagoan baé di dieu, montong
ceurik.”

Ti Dinya ratu lauk nyaur ka balad-baladna saeusina sagara.

Gancangna, geus kumpul kabéh di sagara. Saur ratu lauk: “Barudak, ayeuna
kudu mulang tarima ka Ki Bener, sabab urang diparaban ku Ki Bener
saumur-umur. Réh Ki Bener boga kasusah diperih pati ku raja, kudu nyokotan
jarum dina jero laut; ayeuna ku  manéh kudu dipangnyarokotankeun.”

Gancangna, lauk anu sakitu réana sanggup kabéh.

Pék pada ngarégélan jarum, lauk anu sakitu réana. Tina bawaning réa lauk
batan jarum, hiji jarum aya anu digégél ku tiluan, pada diarutahkeun
dihareupeun Ki Bener.

Dibilang ku Ki Bener bari ceurik dina sisi cai.

Geus aya kabéh, ngomong lauk ka Ki Bener: “Jig, sanggakeun ka raja, da geus
jejeg, ayeuna mah, geura bawa ka raja.”

Gancangna Ki Bener indit, seja nyanggakeun jarum ka raja, disoréndang.

Barang dongkap ka raja, pok unjukan: “Ieu, jisim abdi sumeja nyanggakeun
jarum téa.”

Geus kitu, raja nyandak éta jarum.

Ti dinya raja nyaur deui ka Ki Bener saurna : “Ayeuna Ki Bener, manéh ulah
ngeunah-ngeunah. Coba, kami pangnyokotkeun deui pedang wulung di dasar
laut.”

Piunjuk Ki Bener: “Kangjeng raja, naha ka jisim abdi téh bet kacida-kacida
teuing miwarang ka nu teu pantes, teu pernah, teu patut, aya pedang dina
dasar laut, kudu dibantuan ku jisim abdi, langkung saé jisim abdi paéhan
baé jeung dikaniaya mah.”

Raja nyentor: “Naha, sia hanteu ngaula ka aing, teu rumasa sia cicing dina
taneuh aing? Geura jor mantog, geuwat indit montong loba bacot, aing mo
meuncit jalma teu puguh.”



Piunjuk Ki Bener: “Nyuhunkeun pamit wangsul”; ti dinya indit bari nyusutan
cipanon.

Barang datang ka imahna, nyaritakeun piwarangan raja henteu ay a nu kaliwat
ka pamajikanana bari ceurik.

Ceuk pamajikanana: “éh, kang Bener, péndékna ari cara kuring mah, mo datang
ka henteu béla pati, akang hilang, kuring hilang, akang hirup, kuring
hirup, anggur, sumangga ayeuna mah urang miceun manéh baé ka laut.”

Éta Ki Bener, sanggeusna beunghar, boga rahayat dua puluh, jadina manéhna
boga kasusahan, eta anu dua puluh jalma téa, kabéh pada narepungan, sarta
marilu susah ka Ki Bener.

Gancangna tuluy baé Ki Bener leumpang jeung pamajikanana.

Teu lila, Ki Bener jeung pamajikanana datang ka sisi sagara, pada ceurik
tisalegruk.

Barang geus meunang tujuh poé tujuh peuting di sisi sagara, katingali deui
ku ratu lauk.

Pok mariksakeun ka Ki Bener: “Ku naon manéh, Ki Bener, anu matak ceurik
jeung pamajikan semu anu nyeri-nyeri teuing, naon deui kasusah manéh téh?”

Ki Bener ngawangsul: “Kaula aya kasusah anu matak ceurik téh, dipiwarang ku
raja kudu nyokot pedang dina dasar laut. Éta pdang disebatna pedang wulung,
ki buhaya anu boga.”

Ceuk ratu lauk, “Montong dipaké susah. Pék baé ayeuna, mah geura tumpak
kana hulu barudak.”

Ti dinya hulu lauk pada ronghok, rék nampanan Ki Bener.

Ki Bener geus pasrah.

Clok Ki Bener numpakan hulu lauk teu jeung pamajikanana.

Tuluy ku lauk dbawa ka dasar laut.

Barang nepi ka buhaya, nanya ratu lauk. Ceuk buhaya: “Naha, ratu lauk, bet
mawa manusa.”



Ceuk ratu lauk: “Nya éta puguh ieu téh dipiwarang ku raja nyokot pedang
wulung.”

Buhaya neuteup bari ngomong, pokna: “Éta manusa tangtu dibinasakeun ku
raja, tapi montong susah manéh téh. Héh baé ieu pedang téh, sabab kami
karunya ka manéh, lain karunya ka raja. Jeung kami talatah, mangké dina poé
salasa, raja kudu lungsur ka dieu, ku kami jeung ku sakabéh barudak tangtu
dipapag sarta mararidang. Ayeuna mah, jig baé, manéh geura mulang.”

Gancangna, Ki Bener tuluy baé indit; rarasaanana di jalan gedé baé, henteu
asa bijil tina jero cai.

Barang dongkap ka sisi, pamajikanana eukeur ceurik kénéh baé.

Tuluy ngomong Ki Bener, pokna: “Montong dipaké ceurik ayeuna mah, pedang ku
akang geus disoréndang. Hayu! anggur urang balik.”

Barang dongkap ka imahna ngan eureun sakeudung.

Tuluy baé ngadeuheus deui ka raja, seja nyanggakeun éta pedang wulung jeung
rék ngunjukkeun talatah ratu buhaya téa.

Sanggeus dongkap ka payuneun raja, éta pedang tuluy baé disanggakeun jeung
talatah ratu buhaya éta diunjukkeun.

Atuh raja teu kinten baé bungaheunana, gumujeng ngagakgak tina bawaning
suka. Bari tuluy miwarang barang dahar ka Ki Bener, raja ngalahir, saurna:
“Engké, di mana? Kami rék indit, ku manéh kudu dijajapkeun.”

Ceuk Ki Bener: “Unjuk sumangga.”

Tuluy Ki Bener mulang.

Barang dongkap ka poé salasa téa, raja geus nganggo-nganggo, Ki Bener geus
aya dina sisi basisir.

Raja maréntah ka réncangna jeung ka sadaya patih, punggawa, saurna: “Kami
ayeuna kudu iring ka sisi laut, sabab kami ditalatahkeun ku ratu buhaya,
basa Ki Bener nyokot pedang.”



Énggalna raja jengkar, diiring ku sadayana.

Ki Bener geus aya dina sisi laut bari nyoréndang pedang wulung téa.

Dongkap ka sisi laut, katingali ratu buhaya ku Ki Bener jeung baladna lauk
ronghap; taya pisan heuleutna.

Barang raja geus deukeut kana sisina basisir, gabruk baé dirontok ku ratu
buhaya sarta tuluy diteureuy.

Ger ratu lauk pésta; sagala lauk mijah jeung sagala buhaya mijah, nyembah
ka Ki Bener.

Ceuk Ki Bener: “Kumaha, ayeuna urang teu boga raja, réh raja dirontok ku
buhaya.”

Ngomong kitu téh kadangu ku mantri, ponggawa sumawonna ku patih.

Carék patih ka Ki Bener: “Sukur pisan, éta raja dengki diteureuy ku ratu
buhaya. Éta raja henteu bener haténa, Ki Bener anu bener haténa téh. Leuwih
hadé ayeuna mah, sampéan baé jumeneng raja.”

Atuh harita ogé, Ki Bener jleg baé jeneng raja diankat ku patih, ponggawa.
Ger surak sadayana.

Raja bener mariksa ka patih, ponggawa saurna: “Kumaha éta istri raja jeung
sadayana babandaanana kudu dikumahakeun?”

Piunjuk patih: “Éta sadaya abdi seja nyanggakeun ka gamparan, geus kagungan
gamparan.”

Ti dinya raja bener nyaur sarta ngawurukan ka abdina kabéh: “Héh, sakabéh
mantri, ponggawa déngékeun ieu papatah kami. Anu kumawula kudu bener nurut
ka pitutur, mapay kana lampah, ngadéngé kana carék. Jeung deui, ka batur
ulah arék dengki, ka ménak ulah rék bengkah. Tah, contona nya diri kami
pisan, didengkian ku raja.”

“Tah kieu kabuktianana, tina sabab kabeneran haté, tungtungna jadi rahayu,
ayeuna kami geus jadi raja. Lampah ulah hayang kana kagungan ménak lamun
teu terang ti nu kagungan, temahna sok logor di liang jarum sereg di
boéanana, hartina kumawula téh kudu sabenerna.”



Catetan:

Transliterasi tina:

http://rumahbacabukusunda.blogspot.com/2012/01/dongeng-sunda-i.html

“Dongeng ieu dicutat tina buku PARIBOGA Salawe dongeng Sunda beunang
ngumpulkeun C.M.Pleyte diterbitkeun taun 1911. Dongeng Ki Bener asalna ti
daerah Galuh (Ciamis ayeuna), ieu teh numutkeun catetan dina daftar eusi.
Dongeng ieu ngahaja diposting dina wangun gambar JPG, bisi aya nu perlu
bisa disusun jadi PDF. Mugi aya mangpaatna.”

Transliterasi ku: Dian Tresna Nugraha

Kirim email ke