Teu lila Dokter perusahan sakaligus dokter pribadi kulawarga
Hendrik.datang, terus ngomong ka si nona ku basa nu Jalma teu ngarti sama
sakali; euh ieu meureun basa Kumpeni teh; basa Walanda tea, cek hate Jalma. 


Dokter ngaluarkeun alat2na; wah ieu “dukun” teh mamake alat
leutik nu diantelkeun ka na dadana, buntutna diasupkeun ka na ceuli eta si
dukun; ieu dukun meureun ngingu “Jin” dina eta alat; kitu Jalma mikir waktu
harita; engke mah apal, yen eta teh ngaranna statoskof tea. Wah enya araraneh
urang Kumpeni mah, ka dukun2na wae nu disebut Dokter mamake alat; teu nyaho ari
kasiatna mah ? Naha leuwih alus ti batan dukun nu biasa, atawa ieu dukun urang
Kumpeni? 

   

Geus kitu eta dukun teh nyokot jarum gede pisan, tapi disebut
jarum asa gede2 teuing dijieunna tina logam campur jeung kaca. Euleuh naon deui
ieu ? aduh naha aing rek dirogahala kituh? Kek we dukun teh nyekelan leungeun
Jalma; terus diulas oles ku lamak bodas, nu lembut pisan. Ieu aing rek
dinaonkeun yeuh ? Ujug2 gejos wae Jalma di”tubles” ku jarum; Jalma kaget, terus
luncat; atuh eta jarum suntikan teh tipecleng; untung teu peupeus. Dokter ampir
tigugulitik :”Hofperdom! Omong si dukun. Wah tadi si nona ge ngomong kitu;
ambek meureun pedah ampir tiguling, jeung jarumna tipecleng; tapi sabagian
obatna geus asup; memang  karasa rada
nyeri; tapi teu naon2 . Si Nona ngomong ku basa Malayu:”Eh kowe jangan.........
eee jangan  berisik...........  eee jangan   
banyak tingkah dahulu.........e  
tenang tenang  saja............
tidak sakit.......... ini untuk kebaekaan kamu orang.” 


Jalma rungah ringeuh we teu ngarti; terus wae si Nona
ngageroan :”Emeh......... 

Kemari kamu.” Ya nona ada apa........... ? Ini orang muda ,
tidak ngarti urusan....... coba kamu orang ngomong pake bahasa kamu orang; ini
dokter mau menyembuhkan penyakitnya.......... jadi dia orang harus bisa
tenang.” 


“Oh ya ya nona, baek ! 


Terus nu disebut emeh teh, nu umurna kira2 leuwih ti 40an
nyarita ka Jalma:”Jang, tong garabag gurubug; kapan keur diobatan ku ieu
Juragan dokter; moal nanaon ; eta jarum teh dieusi obat, supayaa ujang gura
giru sehat.” 


Teu nyaho kumaha Jalma jol jol nurut we ka eta babu teh;
terus we cicing teu ngalawan; ahirna mah beres teu sakara kara; nu disebut
dokter mere sababaraha rupa obat; kudu didahar sapoe tilu kali sanggeus dahar
cenah. Geus kitu mah leos wae Dokter teh indit deui. Danke, cenah cek Si Nona.
Daag ! Daag! 


Unggal poe nu nguruskeun dahareun , inuman jeung kamer nya
eta babu nu ngaran emeh tea. Sama sakali Jalma can boga kasempetan keur nyarita
jeung eta “Emeh” teh.
Hanca
 

Kirim email ke