Kaduhung di baca. Hiks.. www.bioeti.com Powered by Telkomsel BlackBerry®mun mayar nyambung mun teu mayar ngaleos
-----Original Message----- From: Ki Hasan <khs...@gmail.com> Sender: kisunda@yahoogroups.com Date: Fri, 13 Jan 2012 18:09:39 To: Ki Sunda<kisunda@yahoogroups.com> Reply-To: kisunda@yahoogroups.com Cc: Urang Sunda<urangsu...@yahoogroups.com> Subject: [kisunda] Fikmin - "Gentos Jama’ah" Gentos Jama’ah Ku *Ganjar Kurnia* Da’i kahot, anom kénéh, kasép tur beunghar. Tauziyahna ararénténg, sakapeung dibarung humor. Matérina teu tebih tina urusan kahirupan sadidinten, utamina ngeunaan qolbu. Diulem ceramah kamana-mana. Ampir unggal minggu sang da’i manggung di stasion televisi. Jama’ahna ti suklakna ti siklukna. “Fans” na, utamina ibu-ibu, alias kaum muslimah. Kacaturkeun, dina hiji waktos sang da’i katarajang panyawat asmara. Nikah deui. Kalayan paséhat anjeuna ngarujuk kana ayat: “Fankihu maa tobalakum minannissa, matsna, wa tsulatsa wa ruba’a…..fa in khiftum ‘alla fa ta’dilu fa wa hidah”. Tapi ibu-ibu pangaosan teu tarima. Nganggé téknologi “jejaring” ngadaramel gerakan ka teu panujuan. Da’i kahot ditaringgalkeun. Jama’ahna kalabur, pasantrén kosong. Ékonomina runtuh. Saba'da sababaraha lami tara aya wartosna, kabéhdieunakeun aya "liputan" média anu ngébréhkeun, yén sang da'i mah mibanda dua istri ogé kacida harmonisna. Sok sanaos, teu sapartos “wong solo” dugi ka disabumikeun sagala, antawis anu anom sareng anu sepuh kacida layeutna. Sakapeung sok katinggal patungtun-tuntun, diabringkeun ku sang da’i sareng para putrana. Ti saprak ninggali kitu, pasantrén janten ramé deui. Anu ngulem jul-jol deui timamana. Béntenna, ayeuna mah jama’ahna téh sadayana bapa-bapa.