Wa'alaikumsalam Warohmatullohi Wabarokatuh Hatur nuhun kang Ilham Maulana. Hapunten nembe tiasa kawaler...
Seratanna katampi-katampi suuun. Kaleresan simkuring parantos gaduh oge Terjemahan USHULUL KAAFI, malih nerangkeun suroh Al-Qodar dina palebah "Tanazzalul malaaikatu warruh", Ruh didieu sanes malaikat, tapi Ruh para Nabi, Sholihin dst. Kang Ilham kantos maos Hadist Qudsi (Firman Alloh anu teu kalebet Ayat Al-Qur'an) sadaya ulama sepakat, Haidist Qudsi mah Shohih/Mutawatir tingkatannana. Aya Hadist Qudsi kieu geura : Alloh ngadawuh, "Moal aya Alam ieu, lamun Kaula teu nyieun tiheula Muhammad Rosululloh". aya anu kieu : Alloh ngadawuh, "Kaula moal nyieun Alam ieu, lamun teu Ngutus ti heula Muhammad". Kungsi kapungkur keur Ngaji Pasaran Shohih Bukhory, jilid ka I, dina proses penciptaan Adam. Nalika Nabi Adam mimiti hirup, hudang, tuluy diajarkeun maca+ngaran-ngaran banda, nalika Nabi Adam ningal kana Loh Mahfudz aya seratan "Asyhadu Allaa-ilaaha Illallah, Waasyhadu Annamuhammadarrosululloh". Nabi Adam ngarenjak wireh aya nami Muhammad, tur padahal dirina (Adam) Manusa anu mimiti diciptakeun....jest..panjang.... Tah..tah..tah...kang Ilham, Cobi wae Gali sing Jero dua pituduh beja tina Hadist Qudsi tur Shohih bukhori diluhur eta. Kumaha Elmu Syare'atna-Hakekatna-Tarekatna tur Ma'rifatna!!!. upami parantos kagali..., tangtos moal hemeng teuing ngamafhum kana kitab USHULUL KAAFI. hapunten, justru kaseuseuranna jalmi/Ulama ayeuna GAMPIL "GAMPIL PISAN" nga CAP Kufur-Kafir ku KABODOANNANA. Nyumputkeun kana Kabodoannana wireh tos gaduh Ummat/Pengikut..."Gengsi lamun ditanya teu apal, kaduhung geus geular Ustadz/Syekh". Eta oge akibat tina kariweuhan dina sajarah Islam saparantosna Kanjeng Nabi SAW wafat tea. Cobi wae emut : 1.Abu Bakar r.a 2.Ummar bin Khottob r.a 3.Ustman bin 'Affan r.a 4.Ali bin Abi Tholib Saha jalmi tina anu 4 diluhur, anu kalebet ku Alloh disucikeun, (Al-Ahzab, 33)???. Geuning eta ku Alloh teras2 disucikeun, Lamun Al-Qur'an sanes dongeng, Hukum dina Nyucikeun Ahlul-Bait oge masih terus menerus disucikeun. Kumaha apresiasi/pilampahan urang anu menang pituduh Al-Qur'an eta??? Mangga lenyepan Perkawis Elmu, Apan dina Hadist2 anu sering dianggo ku urang oge tegas, yen Nabi nyarios "Kaula Gudang Elmu, jeung ari 'Ali Pantona Elmu". apan eta jelas...dasarna tina keterangan eta Eta pasti Wahyu, 'Ali pikeun nyandang PANTO ELMU. Teu sapati-pati nyandang PANTO ELMU lamun teu apal kana ELMU ALLOH SWT. Alloh PASTI Ngaraksana/Ngajagana kana eta Panto ElmuNA (Ma'sum)... Kang Ilham memang rada panjang palay ngartos jeroo mah, lir ibarat budak SD kelas 1 dibere soal Matematika tingkat S1, hapunten sanes berarti kang Ilham anu SD kelas 1, hapunten pisan...ieu mah dina raraga ngamapingkeun Elmu pikeun naluktik katerangan hiji kitab... sakitu heula ti simkuring, hapunten bilih seueur kakirang, da kitu simkuring oge sanes Ahlina, sanes Wilayahna, da cenah anu Hak nerangkeun jentrena mah Wilayahna/Imam Marjana. Kang Ilham Aaaaah, simkuring mah teu apal naon2, teu sacenel-cenel acan apal kana elmu aranjeunana oge. heheh :-) baktos Agus Wirabudiman http://sukapura.wordpress.com ________________________________ From: Ilham Maulana <[email protected]> To: [email protected]; [email protected] Cc: [email protected]; [email protected]; [email protected]; [email protected]; [email protected]; [email protected]; [email protected]; [email protected] Sent: Thursday, January 12, 2012 3:31 PM Subject: NYUHUNKEUN PANJELSAN Kapihatur Saderek Agus Wirabudiman Assalamu'alaikum wr. wb. Ieu kuring nyeratkeun 17 doktrin Syiah anu sok maranehna sumputkeun ti kaum muslimi sabage bagian ti pangamalan doktrin TAQIYAH. Katujuh belas doktrin ieu aya dina kitab suci Syiah, diantarana : 1) Dunya jeung sakabeh eusina nyaeta milik para imam Syiah. Maranehna arek mikeun dunya ieu ka saha anu dipikahayang jeung baris nyabut ti saha anu dipikahayang (USHULUL KAAFI, Hal 259, Al-Kulaini, cet India. Doktrin samacam ieu jelas ngarupakeun kafirna Syiah anu ngabohong nyatut ngaran ALi Bin Abi Thalib. Ku doktrin samacam ieu Syiah nempatkeun Ali salaku Tuhan. Jeung hal ieu geus pasti ngarupakeun tipu daya Syiah ka kaum muslimin jeung kasucian aqidahna. 2) Ali Bin Abi Thalib anu diklaim salaku Imam Syiah anu kahiji dinyatakeun salaku dzat anu kahiji jeung anu akhir, anu dhahir jeung anu bathin sakumaha ditulis tina surat al-Hadid, 57 : 3 (Rijalul Kashi kaca. 138). 3) Para Imam Syiah ngarupakeun beungeut Allah, mata Allah jeung leungeun-leungen Allah anu mawa rahmat pike sakabeh hamba Allah (Ushulul Kaafi, kaca 83). 4) Amirul Mukminin Ali Bin Abi Thalib ku Syiah dikecapkeun salaku Wakil Allah tina nentukeun surga jeung naraka, narima hiji hal anu henteu ditarima ku manusa saencanna, mikanyaho anu alus jeung anu goreng, mikanyaho sagala hal sacara rinci anu geus ngajadi baheula atawa anu ghaib (USHULUL KAAFI, kaca 84). 5) Para Imam Syiah mikanyaho naon bae anu nyumput jeung bisa mikanyaho jeung ngajawab naon bae mun urang nanya ke maranehna kusabab maranehna mikanyaho hal ghaib sakumaha anu Allah nyahokeun (USHUL KAAFI kaca 193). 6) Allah eta sifatna bada' nyaeta anyar mikanyaho hiji hal mun geus ngajadi. Tapi para imam Syiah geus mikanyaho leuwih awal hal anu saeuncana ngajadi (USHULUL KAAFI kaca 40). Ceuk al-Kulaini (ulama badag ahli hadits Syiah), yen Allah henteu mikanyaho yen Husein bin Ali bakal maot dipaehan. Ceuk maranehna Allah ti awalna henteu nyaho kusabab eta Allah nyieun katetepan anyar cocok jeung kayaan anu aya. Tapi imam Syiah geus mikanyaho naon anu bakal ngajadi. Kusabab eta nurutkeun doktrin Syiah, Allah sifatna bada' (USHULUL KAAFI kaca 232). 7) Para Imam Syiah ngarupakeun gudang elmu Allah jeung panerjemah elmu Allah. Para Imam Syiah sifatna Ma'sum (Bersih tina sagala kasalahan jeung henteu perna poho kumna deui ngalakukeun dosa) Allah nitahan manusa pikeun naatan imam Syiah, henteu meunang ngingkarina jeung maranehna jadi hujjah (Argumentasi Kabeneran) Allah sakuliweung langit jeung dunya (USHULUL KAAFI kaca 165). 8) Para imam SYiah sarua jeung Rasulallah (USHULUL KAAFI kaca 165). 9) Anu dimaksud para imam Syiah nyaeta Ali bin Abi Thlaib, Husein bin Ali, Ali bin Husein, Hassan bin Ali dan Muhammad bin Ali (USHULUL KAAFI kaca 109). 10) Al Qur'an anu aya kiwari geus robah, dikurangan jeung ditambah (USHULUL KAAFI kaca 670). Salah sahiji conto ayat al Qur'an anu dikurangan ti aslina nyaeta ayat al Qur'an surat An-Nisa ayat 47. ceuk versi Syiah kieu kecapna : Ya ayyuhaldziina uutul kitaaba aaminuu bimaa nazzalnaa fie 'Aliyyin nuuran mubiinan" (FASHLUL KHITAB kaca 180). 11) Nurutkeun Syiah, al Qur'an anu dibawa Jibril ka Nabi Muhammad Saw. aya 17 rebu ayat, namung anu nyesa kiwari ngan 6660 ayat (USHULUL KAAFI kaca 671) 12) Nyatakeun yen Abu Bakar ra. Umar ra. Utsman bin Affan ra., Muawiyyah, Aisyah, Hafshah, Hindun jeung Ummul Hakam nyaeta makhluq anu pang gorengna di luhur dunya, maranehna ieu nyaeta musuh-musuh Allah. Saha-saha anu henteu ngamusuhan maranehna, mangka henteu sampurna imanna ka Allah, Rasul-Na jeung imam-imam Syiah (HAQQUL YAQIN kaca 519 ku Muhammad Baqir al-Majlisi) 13) Ngahalkeun nikah Mut'ah malahan ceuk doktrin Syiah jalma anu ngalakukeun kawin mut'ah opat kali leuwih luhu ti Nabi Muhammad Saw. (TAFSIR MINHAJUSH SHADIQIN, kaca 356 ku Mullah Fahtullah Kassani). 14) Kahayang para Imam SYiah nyaeta kahayang Allah oge (USHULUL KAAFI kaca 278). 15) Para Imam Syiah mikanyaho iraha datangna ajal jeung maranehna sorang anu nangtukeun mangsa paehna kusabab mun imam henteu mikanyaho hal-hal samacam eta mangka manehna henteu boga hak ngajadi Imam (USHULUL KAAFI kaca 158). 16) Ngahalalkeun siling tukeur nukeur budak awewe pikeun di ewe ku sasama baturna. Ceuk maranehna, imam Ja'far ngomong ka baturna :Wahai Muhammad, pake ieu budak sakahayang hate maneh. Mun maneh geus teu suka balikkeun deui ka kuring" (Al-Istibshar III, kaca 136 ku Abu Ja'far Muhammad Hasa At-Thusi). 17) Rasulallah jeung para sahabat bakal dihudangkeun saencan poe kiamat. Imam Mahdi saencan kiamat arek datang jeung manehna ngabongkar kuburan Abu Bakar jeung Umar anu aya deket kuburan Rasulallah. Sanggeus dihirupkeun mangka kadua jalma ieu arek disalib (HAQQUL YAQIN kaca 360 ku Mullah Muhammad Baqir al-Majlisi). Katujuh belas doktrin Syiah di luhur, naha bisa dianggap sabage Aqidah Islam sakumaha anu dibawa ku Rasulallah Saw. jeung dicekel pageuh ku para Sahabat sarta kaum Muslimin anu hirup ti zaman Tabiin sampe ka kiwari?? Aya teu jalma masih percaya yen Syiah eta bagian ti Ummat Islam? Ceuk Imam Malik jeung Imam Ahmad, sing saha anu henteu NGAKAFIRKEUN aqidah Syiah ieu, mangka manehna kaasup Kafir. Kabeh kitab kasebut di luhur nyaeta kitab-kitab INDUK atawa rujukan anu utama kaum Syiah anu posisina saperti halna kitab-kitab hadits Imam Bukhari, Muslim, Ahmad, Nas'i, Tirmidzi, Abu Daud jeung Ibnu Majah pikeum kaum AHLUSSUNAH WAL JAMAAH (Muslimin). Kusabab eta, upaya-upaya Syiah pikeun melakeun kesan yen Syiah nyaeta bagian ti kaum Muslimin, sakadar beda tina babaraha hal anu henteu prinsip, nyaeta dusta jeung kudu ditolak teges !!!!!! Kukituna, pribados nyuhunkeun panjelasan ti panganut Syiah kana masalah-masalah di luhur. Mun tilik sacara taliti yen Syiah beda jeung Islam, mun ditaliksi leuwih jero akar ajaran Syiah asalna eta ti ajaran lokal Persia (Iran) nyaeta Mazdakisme sabage ruh tina ajaran Syiah anu akhirna mengkontaminasi ajaran Islam. Wallahu'alam. (Menang Nyutat ti : RISALAH MUJAHIDIN, edisi 9, th 1 Jumadil Ula 1428 / Juni 2007). http://infolppi.blogspot.com/
