2012/1/22 Tubagus Rifki L <[email protected]>

> [Tah, ari warga Baduy sok nyarolok tara nya? Kumaha cenah lalakon na
> perpolitikan
> urang Baduy? Lebah mana urang Baduy bisa nunjukkeun HAK politikna? Ari
> Puun,
> boga akses politik ka saha deuih? Kumaha mekanismeu na?
>
> Sing sumpah, kuring mah TEU apal! Cik dongengkeun tah Kang Tirilik.
> Panasaran
> oge.?]
> ----------------------------->>>
> Kieu Ki Dulur,
>
> Nu kasaksian jeung sok aya dina media ge, yen urang Baduy dibere kabebesan
> (demokrasi) ku Adat dina perkara nyolok. Sing saha nu boga kahayang datang
> ka TPS tur nyolok, Adat teu nyarek. Teknisna anu menarik, TPS na. Di desa
> nu sakitu luasna (5.000 hektar) penduduk pamilihna aya kana 6.000, TPS
> ditempatkeun di jajalaneun asup ka desa Kanekes. Maka urang Baduy nu ukur
> ngaliwat, bisa mampir jeung nyolok heula. TPS ayana di Indonesa, lain di
> tanah adat Baduy. Lamun aya sarebu urang bae geh nu nyolok, geus kaitung
> alus.
>
> Nu pasti, His Excellency Pu'un, Rajaning Baduy, teu nyolok. Da puguh buyut
> leumpang ka luar kampungna. Di Baduy jero, Tangtu Cibeo, Cikertawana jeung
> Cikeusik teu beunang aya TPS.
>
> Kuayana entitas Budaya Baduy, tanah Adatna, turunanana nu karaksa kajaga
> sampe ka kiwari, nunjukeun yek hak politik Baduy dihormati ku pangawasa
> sagala jaman, mulai ti jaman Kingdom Padjajaran, Banten Sultanate,
> Netherlands Indigence,Soekarno regime, New Order regime, sampe ka ayeuna
> jaman nageri Autopilot.
>
> Mun hoyong langkung jelas, ameng nyalira ka Baduy.
>
> TiRiLik
> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu.
>
>
>
>
>
>
> --- In [email protected], "Remi" <rsyaifoel@...> wrote:
> >
> > Aya panalek yeuh Kang, sugan aya bongbolongan.
> > Daek teu daek wilayah Baduy aya dina kakawasaan administrasi Provinsi
> Jawa Kulon atawa Banten(?).
> >
> > Tah, ari warga Baduy sok nyarolok tara nya? Kumaha cenah lalakon na
> perpolitikan urang Baduy? Lebah mana urang Baduy bisa nunjukkeun HAK
> politikna? Ari Puun, boga akses politik ka saha deuih? Kumaha mekanismeu na?
> >
> > Sing sumpah, kuring mah TEU apal! Cik dongengkeun tah Kang Tirilik.
> Panasaran oge.
> >
> > --- In [email protected], "Remi" <rsyaifoel@> wrote:
> > >
> > >
> > >
> > > --- In [email protected], "Tubagus Rifki L" <tbrifki@>
> wrote:
> > > >
> > > > Urang Sunda mirip Baduy. Pamingpina kudu urang inyana. Tingali
> Banten, kiwari Si Doel anak betawi nu jadi Wagub, isukan bisa jadi
> Gubernurna.
> > > >
> > > > Muntamah Gubernur bisa meunang ngebon kawas pamaen sepakbola.
> Teangan manajer profesional kelas dunia nu bisa ngelola  APBD sangkan
> manfaatna optimal jang rahayat jeung teu dikorupsi. Mun kitu teu kudu etnis
> Sunda wungkul. Etnis Papua ge mungkin.
> > > >
> > > > Ari kitu nu mana urang Sunda eta? Nu hirup di Jawa Barat atawa nu
> ngomong Sunda?
> > > >
> > > > TiRiLik
> > > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
> > > >
> > >
> > > Nuhun Kang,
> > >
> > > Aya bedana, alias teu sarua antara Baduy jeung Sunda sejen na. Ari
> BAduy mah pan wilayah adat, pamingpin na dipilih ku warga adat. Ieu
> kapamingpinan teh INFORMAL. Apimingpin Baduy tanggung jawab LANGSUNG ka nu
> milih na (warga adat BAduy), oge aya tanggung jawab moral sacara agama
> Baduy.
> > >
> > > Lebah provinsi Jawa Kulon, pan beda deui. Lian penduduk Jawa Kulon anu
> kacida loba variasi na, pamilihan gu[pernur teh pan hajat demokrasi formal
> kanagaraan. Jadi sigana mah sacara obyektif ulah diukur saperti milih
> pamingpin adat. Bakal tambah kisruh.
> > >
> > > Kuring 100% satuju, mun aya calon pamingpin Sunda anu NYUNDA jeung
> boga komitmen hade, eta kudu diheulakeun. Mun aya etnik batur (tapi
> penduduk Tatar Sunda) sarta boga niat hayang ngamanjukeun provinsi tempat
> dumuk na, nya ulah meleg2 ditolak alatan LAIN etnik SUnda.
> > >
> > > Kita bisa jadi rugi dong!:)))
> > >
> >
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke