Nambahan Mang, sateuacana kuring nyuhunkeun hapunten sagede gunung, ieu kuring sakadar ngritik we anu tangtuna ngiritik ngawanun. Batan ngritik Pamarentah jeung DPR anu ceulina jiga ceuli Gajah, menindangan ngritik mang Abbas we..he..he..he... Ceuk paham kuring, upami aya kecap "Dina hiji sore bada asar; Bella nyamperkeun ka Jalma, pok ngomong ku basa Holland anu hartina "Peuting ieu kira-kira jam 7, maneh bakal diajak ka Pesta Ultah babaturan kuring, maneh kudu siap make pakean lengkep, nya". Kedah aya kecap "anu hartina". Jadi mun aya kecap "pok ngomong ku basa Inggris "this evening about 7 o'clock, you will be invited to a birthday my friend....................." kecapkeun ku basa anu dimaksud, kacuali aya kecap "anu hartina". Sakitu we mang, he..he...ieu mah heureuy deudeuh..........
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Selasa, 24 Januari 2012 10:47 Judul: [kisunda] Cersil Sunda ka 60 Episode ka – 28 Babaturan Bella Na hiji sore bada asar; Bella nyampeurkeun ka Jalma, pok ngomong ku basa Holland:”Peuting ieu kira2 Jam 7; jej bakal diajak ka Pesta Ultah babaturan Ik. Jej kudu siap make pakean lengkep, nya.” “Enya” cek Jalma pondok. Bada Maghrib, Jalma geus make Pantalon, baju bodas; make dasi kukupu; terus disapatu; Mevrouw Lidya barang kaluar nempo Jalma geus siap kitu nanya ( make basa Holland ):”E Jalma, rek kamana andika, geus ginding kitu ?” Jalma ngajawabna ge ku Basa Holland deui:” Eta cenah, nona Bella rek ngajak UING ka Pesta Ultah babaturanana.” Mevrouw Lidya:”gud. Ati2 nya, maneh kudu bisa mawa diri; ulah ngerakeun.” Jalma:”heueuh, mudah2an we atuh.” Mevrouw:”Eta maneh geus kenal samemehna jeung eta babaturan Bella ?” Jalma:”Nu matak henteu Nyonya, meureun langsung uing rek dikenalkeun sakalian.” Mevrouw:”Heueuh kitu; da Bella mah loba babaturanana teh, boh awewe boh lalaki.” Keur kitu Jol we Bella jeung dua babaturanana nu deukeut ka dinya; langsung dikenalkeun ka Jalma; ari Mevrouw Lidya bari seuri someah, biasa nanya basa basi, da biasa eta babaturan Bella sok kadinya. Ngaran nu lalaki Willem, ari wanojana ngaranna Ellen.Cek Ellen, rada ngaharewos:”Bella temen jej yang mo dikenalin sama Ik tuh ini? De Man ist Islander ?” Bella:”Heueuh, tapi ganteng kan ?” Ellen:”Yep, tapi tetep saja Inlander. Sori ya Bella.” Bella:”Gak apa apa; het ist sangat lumayan.” Ellen:”Oh ya ya ya; kumaha ari si Freddy ? kapan eta ge ganteng.” Bella;”Nay ...... urang geus putus, si eta mah mata keranjang.” Terus we tiluanana mangkat, sanggeus pamitan ka Mevrouw Lidya; ngilu ka na kareta Bella; da Bella mah beunghar, ari eta Ellen teh anak Mayor Heck. Bangsa Walanda, enya ge teu pati kaciri, tapi aya panta2na; aya Golongan Bangsawan Luhur, aya Bangsawan kelas menengah, Ningrat handap, jeung Kaum Pangusaha; ari Bella kaasup Pangusaha; nu matak Demokratis pisan; teu ngabedakeun teuing warna kulit. Tapi ari Bangsa Gubernur Jendral mah, tah eta golongaan Ningrat luhurna; wah kaningratan jeung warna kulit teh penting pisan; atawa dipake pisan. Cenah manehna teh masih turunan ti Willem Van Oranye. Ari babaturan Bella nu Ultah teh di Kota, persisna di Mangga Besar. Kareta teh nuju ka dinya; lampu petromax harurung, wah enya ge peuting haneuteun geuning, manehna kakara ayeuna jalan2 peuting di Batavia; cek urang dinya mah, Betawi cenah. Ahirna nepi we ka imah babaturan nu Ultah tea. Barang asup, geus rada loba oge nu daratang, barang bus geus langsung ditarima bari dirangkul; ku nu boga hajat. “Greta selamat yareg nya”Cek Bella. Greta geuning ngaran babaturan Bella teh. Terus we Ellen jeung Willem ge sasalaman. Jalma ge nya sasalaman jeung Greta; Greta can wawuh ka Jalma, terus nanya ka Bella:”Bella mijn hart, wo ist de Man?” Bella:”Tah ieu ngaranna Jalma; tah nu ieu Ellen.” Terus we Jalma ngomong basa basi ka Greta; Greta heran oge, ku kabisa ieu inlander, enya ge masih rada arap eurep eup; tapi lumayan we sakitu mah. “Great! Bella, meunang ti mana ieu babaturan inlander teh ?” “Panjang caritana Greta, engke we di Kampus didongengkeun, sok ayeuna mah laksanakeun yareh tea, tuh geuning tamu2 loba deui nu daratang. “ Gancang wae Greta ninggalkeun Bella, terus narima tamu2 nu sejen. Terus we Greta keprok, jol we pelayan2 mawa rupa2 inuman jeung kadaharan; nu pikeun Jalma mah araheng kabehanana ge. Nya sanggeus upacara yarg na kelar, terus we acara dansa dansi; Jalma rada rampang reumpeung oge, da saumur dumelah kakara ayeuna nyaksian pesta ulang tahun atawa yareh tea. Wah nyata memang ceuk Ki Nurustunjung, di Batavia mah loba nu araheng. Ku sabab ngarumasakeun maneh, nya Jalma mah mojok we, da nu sejen ge cuek pisan ka manehna teh; tapi lain manehna wae nu ngarasa teu wawuh jeung sasaha teh, aya pamuda, manehna Bule ngora tapi pakean basajan pisan; terus manehna nyampeurkeun ka Jalma; sasalman. Richard cenah ngaranna. Ngaran Kulawarga na Chandler cenah. Lain urang walanda tapi Englander. Enya ge urang Inggris , tapi ieu si Richard teh kacida someahna; terus we duanana ngobrol uplek, jol cocog we; duana bari sakapeung nempo nu daransa terus we ngobrol ku basa Melayu; lantaran cenah Richard lila di Malaya; da bapana usaha di ditu; ayeunaa pindah ka Batavia kakara 3 taun cenah; bapana teh rekanan Tuan Hendrik ; lantaran Teh ti Tuan Hendrik nya dijualna teh ka bapana Richard. Ahirna Pesta lekasan nya atuh ayeuna waktu pipisahan, Richard ngarasa cocog jeung Jalma; terus we Jalma mere alamat ka Richard kitu deui sabalikna si Richard oge mere adres ka manehna; saha we cenah nu salse tiheula datang. Daaaag! HANCA
