Episode ka 29- Richard Chandler Kakara dua poe sanggeusna maleman jarg Greta; aya tamu budak ngora Bule datang ka imah Mevrouw Lidya; ditarima ku palayan; barang ditanyakeun rek nemonan saha; eta budak ngora Bule teh nyebut ngaran Jalma; rada kaget oge ieu palayan teh, ku teu nyangka Jalma boga babaturan Bule; tapi terus we disina asup nungguan ; ari palayan terus ngetrok panto kamar Jalma; kabeneran Jalma kakara pisan mandi. Jalma geus teg yen moal salah nu datang pastina ge Richard; nya gancang we kaluar. “Good morning, Jalma “cek Richard make basa Inggris. Jalma rada hareugeueun, tapi terus ngajawab ku basa Walanda:”Gute Morgen, kumaha sehat ?” “Jalma, uing sono jeung hayang nyaho imahna dimana, ari maneh di dieu jadi naon?” Richard mimiti muka omongan. Keur kitu Bella kaluar, masing seseringna di kampus , tapi sakali2 sok aya di imah oge. “Geuning aya tamu ? Rick hayang nginum naon ?” Richard teh sok disebut Rick ari di kampus mah. “Danke, Bella, teh manis we lah.” Keur kitu kaluar Mevrouw Lidya; terus Bella ngomong:”Mom ieu tah Mr. Chandler Junior ngaranna Richard.” Mevrouw:”Ah aya tamu agung, rupana ? Aya naon sisinarieun datang ka dieu ? Naha aya pesen ti Mr. Chandler ?” Richard:”Ah henteu Madam, ieu sono ka Jalma, cenah di dieu cicingna Jalma teh; mere alamat Jambu Weg ka kuring.” “Oh !?” Rada heran oge Mevrouw Lidya, ku teu nyangka Jalma geus boga babaturan Bule, urang Inggris deuih. Tapi teu loba omong, terus we asup deui ka jero. Bella oge milu basa basi sakeudeung, geus kitu pamitan rek ka kampus , bari nanya iraha Richard rek ka Kampus? Ah ke we lah ari geus deukeut waktuna exam cenah. Leos we Bella ngaleos; terus we Jalma ngobrol uplek deui jeung Richard. “Eh Jalma, You can ngajaran meureun dahar gado2 di Cikini; geura yu IceCreamna ge ngeunah euy, di dinya mah. Kakara hiji, Toko Eskrim di dieu mah, nya eta di Can Nyan, Cikini. Geura yu bari sakalian jalan2.” Richard nawaran. Terus we duaan laleumpang, sanggeus pamitan ka Lidya. Di eta warung China nu ngaranna Can Nyan teh, enya we sagala aya; salian ti gado2 oge loba kueh2 nu araheng, nu can pernah Jalma panggih saencanna. Duaan ngarobrol leuwih uplek deui. Ti na eta obrolan Jalma kakara nyaho, yen sabenerna indung Richard teh Asli urang Malaya. Cenah bapana geus lima taun nikah, tapi teu boga wae anak; nya James Chandler nikah deui ka urang Melayu di Malaya, nepi ka boga anak Richard. Kitu cenah dongengna. Jadi di na waktu ieu mah si Ricky teh pewaris tunggal. Hobby na cenah mah Boksen. HANCA
