Kiwari lain bae usim kadu, tapi oge usim jelema nyesatkeun jelema sejen. Ceuk
menteri ageman, Syi'ah teh sesat. Nu nebutkeun sesat jeung nu disesatkeun sarua
maca syahadat, solat, mayar jakat, puasa jeung munggah haji ka mekah.
Ari urang Baduy, sanajan di sunatan, teu disebut Islam ku menteri tukang
penduduk. Malah dina KTP-na kolom ageman rek dikosongkeun. Padahal, sakabeh
urang Baduy mun rek kawin alias nikah, di hareupeun lebe, maca dua kalimah
sahadat.
Leuwih jauh, soal sesat-nyesatkeun, ngagegede rasa ngewa kasasama, ka papada
manusa. Ujung-ujungna senah papada silih podaran.
Inget ka palajaran ibtidaiah baheula, ngenaan sirah nabawi, yen jalma musyrik
ngamusuhan kanjeng Rasulullah SAW, pedah anjeuna ngadawuh ajaran anyar nyaeta,
Islam, anu disesatkeun ku ageman nenek-moyang jalma Mekah harita. Euwueh nu
ngarana toleransi, sakabeh murid Rasullulah SAW, kajaba Rasulullah SAW,
anjeuna, mun bisa dilengitkeun ti kota Mekah.
Ngeunaan ieu kalakuan jalma Mekah harita, jaman Musyrikun, jaman Jahiliyun, di
kritik ku Allah SWT dina kaca, Qul yaa ayyuhal kafiruun...
Yen ageman mah sewang-sewangan. Tong dipaksa-paksa...Ieu kaca lain ukur jang
ngeunteung jalma Mekah opat belas abad katukang, tapi oge kaca pikeun jalma
kiwari nu cenah makean naon nu diajarkeun ku Kur'an.
Pa jojong-jojong, nu Wahabi, nu Syiah, nu Wiwitan, ni Hindu, nu Budha, nu
Karesten, nu atheis. Geura kadinya kabehan ngamakmurkeun dunya ku silih asuh,
silih asah, silih mikarunya. Ulah silih podaran.
Ari rek silih podaran mah, ulah ngomong alasna ageman. Etamah kriminal murni.
Peace lah..
Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
TiRiLiK
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/