Jalma tenang
we, da pasti ieu para pengacow nu ngaduruk imah Pok Mineh teh; keun rek ditewak
hiji supaya bisa menta katerangan nu jelas; kitu pikiran Jalma. Ari ngareret ka
Ricky manehna memang rada kaget , tapi kaciri manehna teu gugup komo sieun mah.
Malah terus nyentak :”Eh kamu orang mau ngapain hah !? Apa mo ngrampok disiang
ari bolong !?” 

Nu hiji
nyentak:”Eh Kumpeni; luh jangan ikut campur kita mau nangkep ni bocah udik yang
sombong; minggir luh!” 

Richard:”Hehehe,
hey lu pada; tua2 bangkotan mo ngroyok seorang anak muda ? Apa lu pada nggak
malu hah ?!” 

Nu saurang
nyentak:”Eh kita jangan banyak cingcong, kita habisin dua2nya sekalian !” 

“Eh lu udah
gak mo makan nasi lagi !? berani nglawan Kumpeni ! ?” cek nu sedjenna. 

“Abis gimana
nni Blande brani2 belain si Udik !?” 

Salah sahiji
nu ngepung ngadeukeutan Richard, maksudna supaya Richard mundur; tapi karek ge
ngaragamang duk jetot ! Aduh ! Langsung keuna tonjokan Ricky; nepi ka
ngajongkeng terus KO. 

“Weh kurang
ajar ni Kumpeni ! ayoh gak usah takut kita keroyok saja; urusan belakang ! “ 

Jalma kaget
oge nempo Ricky wanian pisan; jeung enya boksenna alus pisan, sakali ninggang
hiji nu rek jahat ngajongkeng. Eta nu sapuluh urang ( da hiji geus ngajungkel
); tilu ngepung Ricky , tujuh ngepung Jalma. Jalma memang ayeuna mah niat rek
ngalawan eta para pangacow kaamanan bari rek ngompes hiji dua ieu gorombolan,
supaya bisa nyaho dimana tempat atawa markasna ieu pengacow teh; jeungna deui
manehna ge kudu ngajaga kasalametan sobatna si Ricky; jadi di na ngaluarkeun
elmuna Jalma teu asa2 deui; jebet2  we
kaditu kadieu; satiap nu dijelebot, pasti mamarasna ! atuh eta kumpulan
gorombolan teh harita keneh ting jarongkeng; sakabehna reuwaseun pisan; teu
sangka ieu “anak mude bau kencur teh” sakieu jagona. 

Langsung we
kalabur geus kitu mah, tapi Jalma nyekel hiji pengacow, teu dileupaskeun, nya
terus dikompes harita keneh, supaya ngaku; jeung nunjukkeun tempat atawa markas
kelabang item. Tapi najan dikukumaha keukeuh teu daek ngaku ; nya ku Jalma
dileupaskeun bari ngomong ku basa Walanda ka Richard:”Rick gancang balik ! Uing
rek nuturkeun ieu penjahat; da pasti manehna kabur ka tempat markasna.”
HANCA
 

Kirim email ke