Assalamualaikum wr wb

salah sahiji kakuatan ruhani , sumanget beragama di iran di irak nyaeta ziarah 
kubur para imam as, sareng jalmi2 anu shaleh, 

mungkin eta maksudna sabda Nabi as anu nyebatkeun ziarah kubur bisa ngingetkeun 
urang ka akherat teh..
tapi dina dimensi dunia atawa sumanget kana pengembangan dunia atawa bangsa 
jeung nagara , bisa dimunculkeun oge dina sumanget
ziarah ieu... contoh leutikna lamun urang sok ziarah bisa nyontohan prilaku 
jalmi2 saleh kapungkur, inget ka akhirat,
pasti para pejabat di indonesia sieun tah korupsi, sok baeh saperak wae bisa 
jadi tanggungjawab di kuburan.
disisi lainna bisa ngadatangkeun devisa ngaramekeun tempat wisata ziarah , 
hehe...
apanan sultan Hasanuddin teh dikenalna imam zodeh (turunan nabi oge) penyebar 
Islam walaupun sanes golongan imam maksum as anu diyakini ku syiah, tapi 
minimal manehna turunan rasulullah saw anu nyebarkeun islam komo deui sunan 
gunung jati jeung para sunan di jawa oge.


lamun kuring di indoenesia mineng ziarah ka cikundul cianjur, purwakarta , 
plered kulantaran kulawarga apa aya ti jalur ditu, kitu oge saurna jalmi saleh, 

kitu oge ka banten jeung cirebon, kulantaran cenah karuhun anu shaleh oge...
oge ka tasik malaya sae oge...
terutama ziarah ka kualawarga ka aki , pikeun ngaduakeun.
mudah2an budaya ziarah ieu bisa dikembangkeun deui saperti kapungkur dijaman 
karajaan islam di dindonesia

pangalaman ziarah ka para imam di iran jeung di irak komo deui ziarah ka makam 
Imam Ali as, teu kabayang eta sumangetna masyarakat ziarah ka makam Imam ALi, 
seueur pisan barakah jeung syafaah jismi jeung ruhanina didinya, komo deui 
ziarah Imam Husein as, sedih pisan sok kabayang peristiwa pembantaian keluarga 
nabi ku tentara Yazid muawiyah, didina tempat dikuburkeunana Imam Husein, 
sareng para sahabatna, sareng tempat dipenggalna, sareng tempat peristiwa 
karbala...
ngan hanyakal teu sempet ziarah ka Imam Hasan Askari as di samara Iraq, bapakna 
Imam Mahdi, rumahna nuju alit anjeuna, tempat lahirna Imam Mahdi, bahkan 
kulawargana , ibuna Imam Mahdi anu dikuburkeun didinya, kulantaran masih teu 
aman saurna, bekas pemboman mesjid jeung bagian luhur makam ku teroris wahabi 
saudi. bekas penyerangan tentara amerika, walau tentara amerika ayeuna tos 
mangkat ti irak tapi masih seueur pengacau (intelna) saur pembimbing ziarah.

mudah2an Allah Swt masihan kasempatan ka urang sadaya kanggo ziarah ka Akina 
para imam as Rasulullah saww di Madinah, kulantaran kanggo kuring hese ayeuna 
saudi teu masihan visa kanggo haji lamun ti iran. mudah2an eta panguasa saudi 
teh sadar kana naon pentingna persatuan islam jeung muslimin, sanes ngahiji ka 
israel jeung amerika pikeun nyerang umat Islam.


wassalam

zen

Kirim email ke