Episode ka 31 – Ka Onderneming deui Jalma salian ti diajar Basa belanda, ayeuna mah diajar oge Bahasa Inggris; guruna ayeuna mah Ricky. Ricky oge mere Kamus Bahasa Inggris jeung European History cenah, keur bacaeun Jalma. Bring we tiluan ka na kareta Bella indit nuju Ondeneming Van Hendrik; teu make pangawal da dicaram ku Jalma; Bella ge asa ngarasa leuwih nyaman teu make Pangawal. Jalma enya ge make pantalon jeung baju Eropa tapi ngahaja make rompi Maung Sancang jeung kantongna sakali; diseungseurikeun we ku nu duaan. Bral we kareta miang ka lemburkeun. Ieu meureun nu disebut naar boven teh. Sapanjang perjalanan euweuh halangan naon2; nu tiluan hog hag we ngobrol ku bahasa Walanda campur basa Inggris, Jalma sering diseungseurikeun lantaran loba uh ah eh ehna jeung sering saralah, tapi Jalma terus we ngilu ngobrol, bari saralah ge; keun we ngaranna ge diajar cenah. Na atuh ari nepi ka beh ditueun lembur Condet aya opatan jelema ngabedega nyaroren bedog ngahalangan, mangkaning jalanna teu gede, ngan asup sakaretaeun; kusir mani sepa nempo eta nu opatan nya eureun heula; terus bebeja yen aya nu megat di hareup. Jalma kaluar ti na kareta terus milu ngusiran. Barang nu opatan nempo Jalma nu make pakean aneh, terus eta nu opatan teh unggeuk ka Jalma; ka kusir mah teu nolih nanaon. Nu opatan ngomong ku Basa Betawi nu campur aduk jeung Basa Sunda kasar:”Di dinya Pendekar Maung Sancang Ye ? Bang Nasir pengen Abang Pendekar mengunjungi tempat kami di Condet; Bang Nasir akan sangat bungah bila Pendekar mao mampir barang sebentar !” Hanca
