Sababaraha poe ka tukang, dipostingkeun make judul nu sarua, "Lalakon Awon," dina wanda carita pondok. Tah ieu mah wanda fiksiminina. =========
Fiksimini Sunda - Lalakon Awon Ku Godi Suwarna “Anteurkeun ka Nyi Ratih, Won!” Pa Ulis mikeun bungkusan ka Awon. Nu dititah gasik indit. Umat-imut sajajalan. Kirang saeundan, kitu ceuk batur salemburna. Awon imut basa nyampak Nyi Ratih keur digaléntor ku Pa Kulisi. Nya kitu, Awon ukur umat-imut basa dina hiji mangsa dicalukan ku Pa Kuwu. “Daék kawin ka Nyi Ratih?” Pa Kuwu nanya. Awon imut. Der. Dikawinkeun. Puguh wé, Pa Kuwu, Pa Ulis, Pa Kulisi, saparakanca, dumadak ngaremplong haté. “Héésna tong di dieu!” Nyi Ratih ngagebés ti kamar. Awon imut. Saban peuting Awon ngagolér di dapur. Saban peuting Awon mireng sora nu ngumbar birahi. Lima bulan ti tas kawin, Nyi Ratih geus ngalahirkeun. Awon bagja jadi bapa. Hiji peuting, Awon ngayun ambing orok nu kakara dicukuran. Deudeuh. Ti kamar, kapireng sora hah-héh-hoh, sora dipan rerekétan. “Ujang sing cageur, sing bageur, nya?” ceuk Awon bari imut. Nompo kana ceuli orok. Orok ngarenyu. Semu imut. Nu di kamar beuki mijah. Di langit, purnama sumedeng ngempur.
