Mangga bandingkeun garuda sareng anu sanesna upama bade mendarat. Kapiawaian 
pilot teh salah sahijina pami mendarat teu karaos "deg" komo deui "dug", waktos 
ban pesawat paantel sareng landasan.

Ari jalmi bule mah cenah, pami naik pesawar teras mendarat mulus kalayan teu 
karaos benturan, sok kaleprok, tanda muji ka juragan pilot nu maher dina 
mendarat.

Mrachmatrawyani 
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Waluya" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 04 Feb 2012 09:44:33 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Pilot "Nyabu"?

Cenah, subuh tadi aya deui pilot Lion Air ditewak pulisi di Hotel di Surabaya, 
kaperego make shabu-shabu. Jadi geus dua urang pilot Lion Air ditewak 
kulantaran ngonsumsi shabu-shabu, nu saurang deui ditewakna awal januari 2012 
di Makasar. Beja nu matak pikahariwangeun, nu nyupir mobil wae, gara-gara make 
narkoba ngakibatkeun 9 nyawa leungit. Ieu "supir" kapal udara? Beu ...... Komo 
lamun nempo yen Lion Air teh Airline nu panglobana panumpangna da puguh airline 
murah- meriah (lamun teu salah mah kapalna oge panglobana).

Dua minggu katukang kuring ka Palembang make Lion AIr. Waktu turun di 
Palembang, pas banna keuna kana landasan, na ari "deg" teh, malah rarasaan mah 
lain "deg" deui, tapi "Dug" tarik pisan. Kuring tepika ngarenjag, kitu deui nu 
sejen, bakating ku kaget. Untung saterusna mah mulus, eureun di landasan. Ngan 
umur-umuran sok naek  kapal udara, kakara ngalaman kajadian kitu. Jero hate 
meureun pilotna diajar keneh. Ngan umpama lain diajar, tapi kulantaran nyabu? 
......

Baktos,
WALUYA





Kirim email ke