Panganteur ti Duduh Durahman kana "Murang-Maring" Kumpulan Carita Pondok Kénging Godi Suwarna.
BABALAGONJANGAN DINA kumpulan carita pondokna—jumlah-jamléh aya salapan—Godi Suwarna lir nu ngahajakeun ngaburak- barik cahara jeung tetekon nulis carpon. Karyakaryana nu dikumpulkeun dijieun buku, maké judul carita pondokna nu katujuh Murang-Maring, tanwandé baris dianggap ngagunasika aturan-aturan katut tetekon nulis carita pondok nu ilahar. Nya brasna kana rasa harendeg nu ngabandungan ku ukuran rasa nu geus nyampak, nu geus meulit dina ati balaréa. Godi Suwarna dina karya-karyana nu ieu lain baé ngaburak-barik cahara jeung palanggeran nulis carita pondok, di sagigireun éta deuih boh logika boh jenggléngan sarta ucap réngkak tokoh-tokohna gé dirakrak sakarepna. Padahal réréana tokoh-tokohna téh geus lawas dipiwanoh, geus heubeul dipikatineung: tokoh-tokoh nu geus aya. Maneuh dina implengan nu maraca, atuh sabataé aya rasa kateupanuju di sagigireun harendeg téh! Naha Godi Suwarna wawanianan ngawayangkeun Gatotkaca— nu geus pageuh nanceb dina ati balaréa, tokoh nu dipikareueus, pahlawan pujaan, bet buncunur mastakana nabrak aspal, da cenah ... ’tarik naker nutugna tanding jamparing. Gancang alah batan heulang. Ngan hanjakal Gatotkaca poho ngerém’. (”Murang-Maring”). Babasaan Batara Siwa jeung Wisnu nu teu bina ti kenék oplét cara dina ”Burak-Barik” moal boa bakal nyentug kana haté! Atawa Guruminda dina carita pondokna nu katilu ”Gonjang- Ganjing” hanjat kana piring terbang. Malah jalan pikiran nu geus puguh tuturkeuneunana, ku Godi Suwarna mah teu euleum-euleum dijungkirbalik. Hayalna ngacacang ka mana-mana teu kawatesan ku mangsa, ku jaman. Teu kasengker ku alam katut kailaharan. Pangarang ngeunah baé nepungkeun Oidipus jeung Sangkuriang (”Kalangkang Budah”); ngantep Kéan Santang jeung Lodaya terah Pajajaran sina tarung (”Purwadaksi”), mapandékeun Si Kabayan ka Si Régang jalma kuru rengkung jangkung lir régang paragi moro langlayangan (”Gual-Guil”). *** MOAL boa, aya nu teu bisa narima kana ketak Godi Suwarna. Moal boa dirina baris dituding ngaruag pakem, culangung ngagunasika citra nu geus namper dina muara rasa nu maraca. Galur carita, teu dipiroséa, logika boa di mana, nu ngalalakon kari ngaranna da watekna mah geus lain-lainna deui. Baris cilakana Godi Suwarna mun kitu peta téh ngan ukur momonés, hayang katangar nenggang ti anu réa. Boga niat embung akur jeung batur. Nya nyipta-nyipta sing sarwa nu lain-lain, boa minculak téa kasebutna! Kapan geus dipuhit ku sawaréh pangarang entragan kaayeunakeun, ngaréka carita peteng, tan galur, tan figur; sing sarwa ngayangkang, hésé rék dirampa galeuhgaleuhna. Nu digulanggapér ngan kereteg ati pangarangna baé, bari henteu ngomah-ngomahan nu lian. Nu maraca, rék ngarti rék bureng, kuma karep téh teuing! Nu diajam deungeun daék ngeuleuh-ngeuleuh, duméh ahéng dina biheung. Bawirasa dina karya-karya Godi Suwarna anu salapan, karampa ayana kakuatan, karasa aya maksudmaksud anu nyamuni, anu perelu dipesék, disurahan. Mun téa mah ka dirina aya nu rék nganggap cetaan, meureun kituna téh duméh teu ngarasa sugema ku wangunan nu geus ilahar baé. Pangarang ngotéktak peperenian batin, kandaga kabudayaan nu geus lawas nyampak—cara wayang, legénda, dongéng jeung lianlianna— terus ditapsirkeun deui, diraéh deui nurutkeun tradisi jaman nu kaalaman ku dirina. Aya panapsiran-panapsiran mandiri dina karya-karya Godi. Bisa jadi enggoning cacarita manéhna henteu disiplin. Galur carita enya ngaleunjeur, katuturkeun kénéh, ngan pangarang sigana resep ngacacang dina panapsiran nu ngabébaskeun diri tina cara mikir nu konvénsional. Karya-karya Godi Suwarna boa hésé rék manjingna kana lawang batin nu maraca, mun seug maranéhna katungkulkeun teuing ku nu geus aya, ku nu geus baku, bari teu pati daék muka lawang rasa pikeun hal-hal anu anyar. Bawirasa lebah dieu meureun kakurangan karyakarya Godi Suwarna téh. Dibaracana ngan ku sabagian baé, nu sadrah jeung iklas muka dirina. Najan bisa jadi henteu kontrovérsial, ngalawan entang-entangan kana tradisi, tapi henteu bisa dipungkir karya-karya Godi saayeunaeun mah boa mencil kénéh, dipiwanohna tacan bisa walatra ku balaréa. *** AYA karya-karyana nu ukur raéhan ti nu geus nyampak tanpa panapsiran anyar, cara ”Kalangkang Budah”. Minangka gambaran tina kalincahan hayal pangarangna ngan némbréskeun tepung lawungna Sangkuriang jeung Oidipus baé. Tokoh-tokoh wayang ku pangarang ukur diinjeum ngaranna, iwal dina ”Burak-Barik”, ”Aswatamakurda” jeung ”Panjang-Punjung”. Dina anu tilu mah ku Godi pakem masih kénéh dipaké cecekelan, najan ari dina lebah gayana nyarita mah mandiri milikna pribadi, kaasup pangaresepna milih judul rétoris, nu méhméhan klisé. ”Murang-Maring”, boa carita nu pangékstrimna dina ieu kumpulan (nu matak ku pangarang dipaké judul buku?), tapi deuih kawilang pangkuatna. Lebah dieu Godi geus ngaruag ukuran katut cara mikir nu ilahar. Nagara kertaraharja, rahayat hirup medah-meduh, antukna jadi pangedulan, poho kana kawajiban jadi warga nagara. Sabalikna para pamingpin, kuru aking ngajangjawing mikiran rahayat nu geus teu miroséa nagara! Sagala sing sarwa tibalik; para pamingpin tihothat ngurus nagara, rayat nu api lain. Para pamingpin ’unjuk perasaan’, rayat sadar kana katalingeuhanana. Karikatural, tokoh-tokohna kabéh ogé nyingciringik, kaasup Gatotkaca! Idéalisme nu ngajaul ka alak paul, atawa absurditas téa kitu? *** MACA karya-karya Godi Suwarna ulah ditaker ku ukuran anu geus baku. Mun ség kitu, diri urang baris kudu sadrah nuturkeun jalan pikiran pangarang, sangkan bisa ngarampa galeuh carita. ”Burak-Barik”, ”Gual-Guil”, meureun dimaksud ku pangarangna lain ukur dongéng malar ramé, aya maksud nyamuni satukangeunana, koréh-koréheun nu maraca. Godi Suwarna pohara tapisna ngulinkeun basa Sunda. Kecap-kecap téh bisa diperuhkeun, henteu ngandung harti sajalantrahna baé, tapi bisa ngandung kakuatan deuih. Mampuh ngahudang rasa, émosi nu maraca. Basana sakapeung liris, sakapeung teureugeus. Malah aya ungkara nu ngaharib-harib kana pantun. Murang-Maring najan tacan karuhan jadi karya nu naratas gaya anyar, tapi ronghéapna perelu dihiap-hiap. Sastra Sunda geus dieuyeuban deui ku karya-karya nenggang beunangna Godi Suwarna! Duduh Durahman
