Nyi Emeh mah leuwih klop lamun dipasangkeunana jeung Sisodin........pas pisan



________________________________
 From: Abbas Amin <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
Sent: Wednesday, February 8, 2012 1:10 PM
Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka71
 

  


Jalma:”Leres
pisan Ma Emeh; aeh Ibu.........”

Nyi
Emeh:”Rek nyebut ema, rek nyebut Ibu oge, teu aya halangan; sarua wae. Ibu ka
maneh teh geus ngarasa asa ka anak sorangan.”

Jalma:”Sami
abdi oge Ibu; abdi teh ngaraos asa ngobrol sareng pun biang we.”

Nyi
Emeh:”Ari ibu Rama Ujang jumeneng keneh ?”

Sajongjongan
mah Jalma ngahuleng, lantaran hese ngajelaskeunana. Nyi Emeh sigana surti pok
we nyarita:”Sigana beurat nya ujang ngajawab eta pertanyaan teh ? Keun we nu
penting mah Ujang geus ngaku ka  ibu teh
Indung Ujang; atuh Ibu ge ngarasa Ujang teh anak Ibu. Jadi eta ge geus leuwih
ti cukup, Hehehe. Ibu bungah pisan boga anak saperti maneh, Jalma.”

“Alhamdulillah
Ibu; nya kuring ge bungah boga indung saperti Ibu.”

Sanggeus
kitu, Nyi Emeh nyarita yen manehna rek nempo para palayan, bisi aya kabutuh
atawa aya nu rek ditanyakeun; nya Nyi Emeh kaluar ti kamar Jalma; ari Jalma dug
we sare; da ngarasa cape geus ti perjalanan jauh.
 
Episode
ka 32 – Nganteur Nyi Emeh ka Leuwiseeng
 
Na hiji poe
Nyi Emeh nyarita ka Jalma hayang nempo lembur, ditanya ku Jalma dimana cenah
lembur teh ? Leuwiseeng cenah; beuki yakin we Jalma yen enya Nyi Emeh teh
indungna. Cenah ayeuna mah Nyi Emeh bisa mopohokeun kanyerian hatena lantaran
aya “Jalma”; Jalma geus teg deui wae, tapi ah keun we ayeuna mah da geus puguh
Nyi Emeh na ge ngaku pisan ka Jalma, yen Jalma teh anakna. Nya Jalma jangji rek
nganteur Nyi Emeh ka Leuwiseeng.

Terus we Nyi
Emeh bebeja ka Tuan Hendrik rek balik ka lembur cenah, lantaran geus lila
ditinggalkeun; Hendrik di na waktu ayeuna narima Nyi Emeh teh lain babu tapi
bagean ti na kulawarga badag Hendrik, ngarasa rada beurat oge; cenah naha Emeh
ngarasa cape digawe, atawa nyeri hate ku manehna. Nyi Emeh mani ceurik2 sasadu
yen manehna teu pisan2 nyeri hate ka Tuan Hendrik, nu aya mah manehna teh
kacida nganuhunkeunana tina manehna geus dijait ti na kasangsaran , jadi hirup
senang. Ngan wae masing kalah kumaha oge, cenah Nyi Emeh teh urang Leuwiseeng,
tah ayeuna ku sabab geus lila ninggalkeun lembur, asa sono ka lembur. Nya atuh
Hendrik ge teu nahan deui ngan cenah tunggu Bella lamun Vakansi; lantaran pasti
manehna bakal leungiteun; lantaran Bella eta nu nemonan baheula Nyi Emeh waktu
katalangsara di jalan waktu Nyi Emeh kakaburan ti Leuwiseeng.

HANCA
  
 

Kirim email ke