Teu wudu ku
gotong royong jeung bari sumanget mah, 2 bulan Mushalla geus ngadeg; Jalma
bungah pisan. 

Ayeuna mah Jalma sering pisan ka Mushalla; nya di dinya Jalma
bisa leuwih salse ngajar shalat, puasa jeung nu sejenna ka Masyarakat . Selang2
ti na ngajar Islam; manehna diajar Basa Inggris jeung maca Eropean History.
Manehna jadi nyaho yen saenyana Bangsa Walanda memang ti dituna jago perang. Nu
ngelehkeun Armada Spanyol nu cenah moal aya nu ngeleehkeun; eleh ku Angkatan
laut Inggris nu intina tentara Bangsa Belanda; malah Raja Walanda Willem Van
Oranye ngarangkep jadi Raja Inggris. Inti Pasukan Prussia nyata 90% Bangsa
Walanda. Pantes atuh di ieu Tanah Jawa , kabeh karajaan eleh ku Pasukan 
Walanda. 


Ari Nyi Epon
mani sumanget pisan, nganteuran kadaharan jeung cai keur nu digarawe; saenyana
geus tilu kali Nyi Epon dilamar ku pamuda2 di dinya; saencan Jalma ka dinya;
tapi ari di tanya ku bapana Nyi Epon nolak wae, pajarkeun can hayang laki rabi
cenah. Astahiam ge apal yen Epon geus kabeungkeut hatena ku Jalma; paadahal
astahiam apal yen Jalma teu aya hate ka Nyi Epon; tapi eh keukeuh we Nyi Epon
embungeun; malah aya pamuda nu ngomong yen nungguan Jalma mah teu guna2
lantaran ari Jalma teh Pendekar; ari Pendekar tea; sok tara tangtu iraha
balikna; jadi tong diarep arep teuing. 
Tapi ih eta omongan teh teu didenge
ieuh. Padahal geus aya sapuluhna babaturan Nyi Epon nu sapantar jeung
sahandapeunana karawin; tapi Nyi Epon mah mugen wae. 

Geus di togmolan oge ku
bapana cenah Jalma mah teu aya hate ka Nyi Epon teh; eh malah siga nu rada
ambek; nepi ka dua poe embung patanya jeung bapana. Nya bapana taak, ti dinya
mah diantep we kuma dinya cenah. Tah ari ayeuna Ma Emeh geus aya di Leuwiseeng;
malah jeung Jalma oge aya deuih; terus we Nyi Epon soson2 pisan; ngajina ge
kasebut pang bisana disartaan ku alus sora; atuh kapake pisan lamun aya maca
ayat suci Al Qur_an teh nya dibikeun ka manehna. 


Nyi Epon
teh, di na waktu ayeuna mah pangsibukna; da ngabantu Nyi Emeh terus; atuh ka
masjid terus; ampir euweuh pisan rinehna. Lila2 Ma Emeh kataji ku ieu Nyi Epon
teh; terus wae manehna ngobrol na hiji waktu mah jeung Nyi Epon; atuh bungah
kacida Nyi Epon teh; mani sumuh2 deui ka Nyi Emeh. 

Atuh Nyi Emeh beuki kataji
ku Nyi Epon teh; lantaran perjuangan jeung usahana enya2 hayang meunangkeun
Jalma teh. 

Nyi Emeh
terus nitah Nyi Epon ngadongengkeun sacerewelena waktu Nyi Epon diculik tea;
derekdek we Nyi Epon ngadongengkeun lalakon pribadina; terus ditambahan yen
lamun wae Nyi Epon teu laksana kawin jeung Kang Santika ( Jalma ); maning keneh
ngaligeuh we saumur hirup. 

Nyi Emeh gogodeg, ku kawani Nyi Epon ngabukakeun
eusi hatena ka manehna geus nguji pisan; yen enyaan Nyi Epon teh hayangeunana
dipikanyaah ku Jalma.  


Kumaha yeuh
? Cek Nyi Emeh na hatena. Nyi emeh nempo tindak tanduk Jalma sapopoe; asa
euweuh tanda2 “aya sir ka Nyi Epon” kumaha yeuh ? Tapi karunya Nyi Epon; tapi
da piraku kudu nitah Jalma ngawin anu teu dipikaresep mah ? aing teh nyaah ka
anak ( Jalma ); tapi naha Jalma geus aya kikindeuwanana ? Lamun tacan mah,
meureun ka Nyi Epon ge asa pantes; da kapan Nyi Epon ge manis; tapi kacirina
enyaan nyaah pisan ka anak aing ? Mun tea mah jadi, meureun ieu Nyi Epon bakal
usaha satekah polah keur nyenangkeun Jalma . Tapi naha Jalma ngarasa bagja ku
dikitukeun ? Can tangtu.
HANCA
 

Kirim email ke