Nyi Emeh akhirna rek nyoba neuleuman hatena Jalma; paling saeutik Jalma teu ngarendahkeun Nyi Epon. Eta nu penting mah; sabab lamun geus aya pikiran kitu, tangtu engkena bakal teu lana; di na lanana ge loba paburantakna; lantaran engkena bisa wae Jalma ieu aing; akibatna ngababukeun pamajikan sorangan ! Tah nu kieu kudu dicegah, engkena bakal awet rajet. Terus we Nyi Emeh ati2 pisan, nalek Nyi Epon yen lamun hiji kawinan dipaksakeun , engkena moal bener; moal baleg. Dina awetna ge awet rajet cenah. Na atuh barang diomongan kitu; lain mundur ieu Nyi Epon, malah ceurik2 nyuuh ka pangkuan Nyi Emeh; pajarkeun teh :”Ma Emeh, abdi mah masrahkeun we kuma Ma Emeh; lantaran abdi moal kuat mun kedah pipisahan sareng Kang Jalma. Naha Kang Jalma nyaaheun atawa henteu ka abdi; eta mah nomer dua. Mun engke tea mah Kang Jalma palay garwaan deui ge, abdi Nyi Epon ihlas pisan; moal ribut; asal kuring ulah diusir be; Nyi Epon teu kuat lila misah jeung kang Jalma.” Nyi Emeh jadi salah rampa; rek ngomong keras teu tega; rek dilelemu ieu Nyi Epon enyaan kuat pisan cintana ka Jalma; nepi ka teu era deui ngaku ka indung Jalma; nya eta dirina ? Aduh ieu mah lain “Cinta Sajati” atuh, tapi Cinta salah kaprah tea. Tapi Nyi Emeh teu bisa nyalahkeun ka Nyi Epon, lantaran Non Bella wae kacirinaa rada resepeun ka Jalma; ngan pedah we Jalma mah Inlander/ pribumi; jadi Non Bella teu nembongkeun teuing sukana.Memang Jalma sagala aya; gagah di manehna; pribadina alus pisan; teu materialistis; bisa ngahargaan ka saha wae. Nya pantes mun loba awewe hayang milih Jalma oge; lantaran lalaki kawas Jalma mah hese. ( Enya ge Ma Emeh geus boga ngaran keur anakna nya eta Santika; tapi Nyi Emeh geus biasa oge nyebut ngaran Jalma, malah ngaran Jalma teh hiji ngaran nu istimewa pisan pikeun nyi Emeh mah; jadi geus ampir poho we yen aslina mah Jalma teh ngaranna Santika ). Mun tea mah aya dua tilu awewe nu cara Nyi Epon, nya wajar wae; lantaran memang Jalma mah bageur, tara nganyerikeun hate batur. Jadi akhirna Nyi Emeh boga pikiran yen Nyi Emeh moal maksa ka Jalma; tapi rek usaha kumaha carana Nyi Epon oge “sadar”. Lantaran lamun taya kasadaran; awewe nu NYERI HATE; leuwih bahaya ti batan SINGA ! Jadi Nyi Emeh kudu wijaksana pisan di na mutuskeun masalah ieu teh; teu gampang kitu wae. Emh untung aing geus campur jeung bangsa Walanda, jadi pikiran rada Rasionil. Kitu Nyi Emeh ngomong na jero hatena. Pok we Ma Emeh nyarita leuleuy :”Tong garasah gurusuh, sagala rupa kudu tartib, Ema moal ngajangjikeun naon2; da sagala ge kumaha jinisna; ayeuna mah sing tenang sing sabar we; keun Jalma urang omongan ku ema; sugan we atuh Jalma aya pikiran ka Nyi Epon; da piraku kapan geus ngalaman babarengan sangsara , lain ?” Sajongjongan mah Nyi Epon ngahuleng, ti na teu sangka Ma Emeh bakal nyarita saperti kitu. Teu ngajangjian naon2 tapi oge cenah rek usaha. Ku jawaban kitu mah, Nyi Epon oge eleh geleng; nya terus we balik bari aya 1000 tanda tanya di na hatena. ????????????????? HANCA
