Ayeuna Jalma geus datang ti Cirangkong mawa delman tea, atuh Nyi Emeh geus siap rek naek delman, ari jol teh Nyi Epon. “Nyi Epon, punten we nya , ema poe ieu rek iinditan; ari eta naon mamawa buntelan ?” Ma Emeh nyarita bari heran. “Kuring teh tos lami hoyong masantren , ari ibu bade kamana kituh ?” Nyi Epon males nanya deui. “Ibu mah rek ka Wanayasa.” Tembal Ma Emeh bari tetep heran . “Tah atuh kaleresan ma, kuring teh ti bareto hayang masantren ka Wanayasa, tah ayeuna ma Emeh bade ka ditu; atuh kuring milu nya ?” Cek Nyi Epon teu kireum2. “Baruk Nyi Epon bade masantren ? Tujuan hade tah.”Cek Jalma. “Tapi di ditu ka saha nu dituju ?” “Ari Kang Jalma, kapungkur ka Wanayasa , aya nu kenal henteu ?” Si Epon ngudag omongan Jalma. “Henteu, tapi pan akang mah lalaki, naon we sagawe gawe ?” Jawaban Jalma, ampir sanada jeung Astahiam. “Naha kuring teu bisa sagawe gawe ? Kuring ge atuh bisa bae ari geus ditarima mah ? Naha kang Jalma mani siga teu aya akal ? Kang Jalma manusa, kuring oge manusa. Naon nu dilakukeun ku Kang Jalma ceuk pamikir kuring mah bisa wae.” Jalma kaget ngadenge omongan NYI Epon, ku teu nyangka boga pamikir nepi ka dinya. Terus we Jalma nyarita:”Sok atuh ari rek milu mah, bari tujuanana oge hade, rek masantren. Tapi naha aya paidin ti ibu rama ?”? “Oh atuh tangtos we Kang, malah ngadorong pisan.” Tembal Nyi Epon. Beuki kaget we Jalma jeung Nyi Emeh, tapi teu bisa kukumaha; nya bral wae atuh eta nu tiluan nuju ka Wanayasa. Sajajalan nu tiluan teh ngabaretem we, siga nu sungkan ngarobrol; kusir ge pipilueun ngabetem deuih, nenjo para panumpangna baralem siga nu euweuh kadariaan sama sakali. Barang nepi ka Cisurili; kusir ngaistirahatkeun kudana terus we nu tiluan ge tarurun niat rek dahar; da kabeneran eureunna eta tukang delman teh ditempat nu aya warung. Nya opatanana dalahar sakalian dibayar ku Jalma opatanana; Neng Epon cicing we, teu aya riuk2 dipangmayarkeun teh. Nya kabehanana cenah sataleneun. Barang Jalma rek nyokot duit, si tukang warung nyarita yen ieu teh rombongan Jalma pan ? Si Maung Sancang ? Jadi teu kudu mayar cenah, tapi Jalma keukeuh nanaonan cenah mamawa Pendekar Maung Sancang ; eta mah geus kaliwat cenah. Tapi tukang warung keukeuh nolak, cenah harga kadaharan eta geus dibayar ku Si Jabrig, nu apaleun Jalma bakal ngaliwat kadinya; malah aya leuwihna. Bade atuh cenah pendekar nampi langkungna ? Sajongjongan mah Jalma ngahuleng we; nya teu loba omong deui geus we; ngan manehna nganuhunkeun ka tukang warung. Ahirna nepi we ka Wanayasa. Jalma mimitina ngadep ka H. Syarif, terus nitipkeun Epon; geus kitu pamitan rek ka Ajengan Salim; nyampak Aj. Salim keur nalaah kitab; waktu Jalma datang; kacida bungahna Aj. Salim; terus wae kitab2 teh diberesan; gancang narima Ma Emeh daria pisan; kaluar deui Nyi Ojoh; bluk sora anu labuh; jeung sora ngajerit katahan. Sarerea kaget, Tapi jol we Syarifah, bari rada balaham belehem; rek kaluar cenah tisoledat , rusuh teuing nya jadina labuh; tapi teu naon2 cenah. HANCA
