Kakaren ti
KIBS II desember anu kalangkung. Teu ngahaja pendak sareng Pa Wim van Zanten
anu ngadadarkeun perkawis rekaman lagu  Cianjuran
kenging juragan Snouck. Snouck ngarekam lagu-lagu Cianjuran, sateuacanna
dibenum janten penasihat pamarentah kolonial Walanda dina widang agama Islam.
Rekaman munggaran lagu Cianjuran dilaksanakeun waktos Snouck aya di Mekah ti
salah sahiji “informan”. Di Universitas Leiden aya sababaraha rekaman lagu
Cianjuran Koleksi Snouck. Pa Wim ngaharepkeun aya urang Sunda anu nalungtik
perkara rekaman lagu-lagu Cianjuran ieu ka Leiden. Bahan lagu-lagu Cianjuran
anu aya di universitas Leiden, paling heunteu, tiasa ngahasilkeun dua doktor 
dina
widang kasenian. Duka tah aya nu minat atanapi heunteu.

Ari ceuk
kuring mah, salah sahiji “keberhasilan” KIBS II upama aya urang Sunda anu 
“ngajawab”
tantangan Pa Wim.  Paling heunteu, panata
Calagra KIBS II  masihan fasilitas pikeun
peminat anu bade nalungtik perkara ieu. Waktos ngobrol, Pa Wim masihan alamat
email, tapi  hilap deui dimana
disimpenna. Pami aya panitia anu tiasa masihan alamat Pa Wim, hatur nuhun
pisan.
 
Baktos,
mracahmatrawyani

Kirim email ke