Salila ieu, anak hasil hubungan diluar nikah (henteu kawin), ngan diaku boga
hubungan perdata jeung pihak indungna henteu jeung bapa biologisna (UU No 1
taun 1974). Tapi sababaraha waktu katukang Machicha Mohtar, pasangan henteu
resmina Almarhum Moerdiono ngagugat pasal 43 UU No.1 Taun 1974 ka Mahlamah
Kontitusi pangpangna ayat dina pencatatan anak nu lahir diluar perkawinan.
Gugatan Machicha Mochtar DIKABULKEUN ku Mahkamah Kontitusi, nu ngandung harti
anak diluar perkawinan SACARA HUKUM oge boga hubungan perdata jeung Bapa
Biologisna. ( Contona hubungan perdata hak waris).
Luar biasa kaputusan Mahkamah Kontitusi ieu. Ku jalan kieu budak nu lahir
diluar perkawinan jadi KATANGTANGYUNGAN KU HUKUM. Meureun moal aya deui istilah
anak haram, sabab kabeh budak aya bapana.
Ngan aya tapina. Keur pameget anu toloheor "ucrat-acret" dimana wae, tepika
jadi budak, kudu siap-siap we diuber-uber ku budak nu ngaku bapa. Kitu oge ka
para istri resmi sareng palaputrana, kudu siap mental upami sang caroge/ rama
teh geuning gaduh putra tinu sanes ........
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/