baraya sadaya, ieu mah sanes tulisan opini, ukur nulis ulang sapamacaan
wungkul. meungpeung dina poe ieu urang memperingati poe basa indung
sadunya. nyanggakeun hatur lumayan:

*politik basa (indung)*

17 nopémber 1999, unésco, salasahiji awak di pbb netepkeun kaping 21
pébruari jadi poé basa indung sadunya. tanggal éta dicokot tina kajadian di
bangladés (harita masih bagéan ti pakistan, disebutna pakistan wétan)

di pakistan wétan aya hiji gerakan nu disebut 'gerakan basa bengali'.
kasang tukang mumbulna ieu dimimitian ti taun 1948. mohammad ali jinnah,
gubernur jéndral pakistan harita netepkeun ukur basa urdu nu jadi basa
resmi di pakistan, boh di bagéan kulon atawa wétan.

urang wétan protés kana kawijakan éta. da di bagéan dinya nu dicicingan ku
urang bengali mah basa sapopoé nu digunakeun lain basa urdu tapi basa
bengali.

gerakan protés ieu ngondang tindakan réprésip ti panguasa pakistan.
puncakna tanggal 21 pébruari 1952 sababara urang mahasiswa unipersitas daka
jadi korban. maot ku leungeun polisi pakistan.

tina gerakan ieu, engkéna bakal lahir nagara bangladés, nagarana urang
bengali.

politik basa jiga di pakistan, nu bisa ngalahirkeun nagara anyar,
dipikahariwang ku salasaurang panulis opini di koran témpo poé ieu.
maryanto, pemerhati politik basa, maké kasus nu keur lumangsung di buton,
sulawesi tenggara.

maryanto nyebutkeun salasahiji basa nu dipaké di buton, basa cia-cia,
dijadikeun basa asing. dijauhkeun afiliasina ti basa indonésia. basa
cia-cia ayeuna lumaku sistem basa koréa. dalih dipilihna sistem basa asing
ieu keur nyalametkeun basa cia-cia tina gunasika basa indonésia.

maryanto saterusna nyebutkeun, kasieun basa suku ka basa indonesia ieu
henteu waé dirasakeun ku basa suku minoritas samodél basa cia-cia. tapi
dirasakeun ogé ku basa suku mayoritas jawa atawa sunda. basa konprénsi basa
dua suku mayoritas ieu, cek maryanto, basa indonésia ditolak digunakeun
panyatur salila lumangsung konprénsi.

tilu politik basa suku di luhur, utamana basa cia-cia, cek maryanto mah
matak pikawariwangeun keur ajegna bangsa indonesia. bisi kajadian bangladés
kajadian di dieu. di tungtung tulisanna maryanto nyebut (dicutat
sagemblengna): 'anak-anak suku cia-cia sekarang memang tidak berkarakter
atau bertabiat seperti penutur bahasa bengali, yang pernah berjuang
menuntut kemerdékaan bahasa ibu dari pakistan. pakistan juga bukan
indonésia. namun, jika pemerintah indonésia gagal mengelola kontrovérsi
bahasa cia-cia, tidak mustahil tuntutan berbahasa ibu ala cia-cia koréa itu
makin liar: penutur bahasa itu pun bisa jadi nakal dan bengal!'. (dudi)

---
bagéa poé basa indung!

nuhun,

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke