Kungsi sakali nungkulan mieling poe basa indung di Unpad. harita mah nebak tatarucing cakra dina komputer lap top. Pendak jeung UA Sasmita sagala, anu mamerkeun media cetak basa sunda edisi heubeul. Hilap deui, naha sempet didokumentasikeun atanapi heunteu. Anu juarana teh anggota milis urangsunda, guru sakola di pasisian Garut. Teh Mpup (istri kang Kumincir) oge asana teh aya. Harita mah masih "sumanget" pisan ari aya acara kasundaan teh. Teu sirikna dibelaan "bolos" ngantor.
Ny akitu oge, upama aya acara di Jakarta. Acara masrahkeun hadiah Rancage, asana teh tilu kali nungkulan. Nu kahiji waktos diayakeun di kampus UI (tahun salapanpuluhan). Nu kadua di Taman Ismail Mardjuki (hilap deui taunna). Nu katilu di Erasmus Huis Kuningan Jakarta. Di Erasmus "rame" oge. Margi dihijikeun sareng seminar kabahasaan. Harita teh salah satilu anu "presentasi" Prof. Haidar Alwasilah. dina acara seminar eta aya ahli basa Indonesia Prof. Anton M. Meoliono. Mang Ajip salaku moderator rada "hoghag" oge sareng ahli bahasa Indonesia ieu, dina perkara basa indung. Tah dina acara ieu mah kuring ngahaja ngadokumentasikeun acara rancage eta. baktos, mrachmatrawyani ________________________________ From: mang jamal <[email protected]> To: 'United Nation' <[email protected]>; 'Ki Sunda' <[email protected]> Sent: Monday, February 20, 2012 9:16 PM Subject: [kisunda] Spam Mieling poe basa indung Dinten ayeuna 21 februari unesco netepkeun poe basa indung sadunya. Rarameanana pikeun basa sunda baris diayakeun ke poe saptu isuk 25 februari di kampus unpad dipati ukur, biasana payuneun bale rumawat. Taun kamari mah si kuring dipenta ngabahas buku karangan Dadan Sutisna, novel barudak, rasiah kode biner, pedalan kiblat buku utama. Cenah bade aya lomba ngarang fiksimini basa sunda, sontena. Nu bade kedah nyandak laptop atawa nu karitu, da kedah cara digital nyeratna.
