Bah Abbas anu dipihormat. Aya usulan ti kuring, perkawis Cersil. Pami tiasa mah, nyerat kanggo saminggueun. Namung di "upload" di milisna dicicil unggal dinten, supados pembaca "beuheungna" heunteu sosonggetan ngantosan medalna cersil. Supados langkung interaktif, teu aya lepatna upama nuhunkeun asupan ti para anggota surelek KUSnet/kisunda, tapi diserat scara japri. Misalna, taroskeun hoyong kumaha tah lalakon para tokoh-tokoh dina cersil eta. Naha Nyi Epon nekad, nelasan nyi Ipah anu konsekuensina, Jalma jadi "bujangan lapuk" bakating ku sedih. atawa justru Jalma "berpindah ke pelukan" noni walanda tea. anu saterasna jalma tolab ilmi di Walanda, ngagondol "Mister Inderechten". Tapi kusabab noni Walanda oge lestari, Jalma balik deui ka lembur, jadi penasihat pamarentah walanda dina widang hukum adat. Mun peryogi, si Jalma teh pendak oge sareng Max Havelaar atawa Douwes Dekker.
baktos, mrachmatrawyani ________________________________ From: Abbas <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wednesday, February 22, 2012 8:05 PM Subject: [kisunda] Re: Nungguan Cersil ari manawi teh tos teu ditingal deui eta cersil teh hehehehe --- In [email protected], "Dikdik" <d.kurnia@...> wrote: > > enya kang, loba teuing iklan na yeuh... > nepi ka beuheung sosonggeteun... > hahah... > > --- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@> wrote: > > > > ngadepong ti kamari nungguan sambungan dongengna Bah AA. lieuk > > lain...lieuk lain...geus cangkeul beuheung...:) > > >
