Bah, angketna teu bisa ngajleng-ngajleng.
Misalna, dina pertanyaan no. 6,
lamun ngajawab, tidak pernah (lanjutkan ke nomor 10) . tapi teu bisa
ngajleng ka no. 10.
lamun kapaksa di eusi, ngeusianna asal-asalan.
hasilna kapanan jadi kurang akurat.
On 02/26/2012 06:11 PM, Ki Hasan wrote:
Baraya, utamina guru-guru basa Sunda, disuhunkeun bantosanna kanggo
ngeusian angket panalungtikan ngeunaan basa Sumda, atas nami Neng
Yasundari.
Kanggo ngeusian angketna, klik wae tumbu (link) di handap.
Nuhun,
Ki Hasan
2012/2/26 Yasundari - <[email protected]
<mailto:[email protected]>>
Asslm, Ki Hasan.
Abdi sareng Yasundari, mahasiswi anu bade penelitian ka guru basa
Sunda.
Di handap ieu aya link kuesioner online anu kanggo guru-guruna:
http://bit.ly/wOp3XK
Kinten-kinten aya bantosan ti Ki Hasan sebagai anu dikenal di
grup/milis kanggo masihan terang ka anggota di grup FB atanapi di
milis supados buka link di luhur.
Hatur nuhun Ki, kana perhatosanna.
Wassalam.
------------------------------------------------------------------------
*From:* Ki Hasan <[email protected] <mailto:[email protected]>>
*To:* volturieyazz <[email protected]
<mailto:[email protected]>>
*Sent:* Thursday, 23 February 2012, 19:39
*Subject:* Re: Permohonan Kanggo Penelitian
Pikeun ngajaring responden, email tos di-forward ka milis Ki
Sunda, Urang Sunda, Baraya Sunda, sareng group Fiksimini Basa Sunda.
Mangga gabung.
2012/2/23 volturieyazz <[email protected]
<mailto:[email protected]>>
Kahatur,
Ki Hasan
Di Tempat
Assalamualaikum, Wr.Wb.
Pak, nepangkeun nami abdi Yasundari, mahasiswi jurusan
jurnalistik Fikom Unpad. Abdi kenging email bapak ti milis
Baraya_Sunda.
Dina rangka penyusunan skripsi nu nuju ku abdi dipidamel anu
judulna "Penggunaan Media Massa yang Memiliki Konten Bahasa
Sunda dalam Memenuhi Kebutuhan Informasi Guru Bahasa Sunda",
abdi nyungkeun bantosan ti bapak sakintenna dina grup
Baraya_Sunda aya anu berprofesi guru bahasa Sunda sareng
nyanggeman kanggo ngeusi angket/kuesioner anu abdi damel
pikeun kalancaran skripsi abdi.
Dupi bapak nyanggeman, abdi bade ngintun angketna saatos abdi
kenging konfirmasi ti bapak.
Sakitu anu tiasa abdi dugikeun. Abdi ngantosan waleran ti bapa
saenggalna. Abdi nyeratkeun nomer hp abdi di handap serat ieu.
Hapunten samudaya kalepatan dina babasa abdi. Hatur nuhun
kanggo perhatian bapak atos ngaluangkeun waktos kanggo baca
email ieu.
Wassalamualaikum, Wr.Wb.
Yasundari
Mahasiswa Jurnalistik
Fikom Unpad
No.HP: 082116262996