fajar laksana, nu mere gelar pamingpin sunda ka ical teh nu boga pasantren jikir al fath, di kota sukabumi. kungsi media genjleng, basa manehna ngumumkeun geus manggihan puluhan prasasti aksara sunda kuno. conto hurufna mangga tiasa ditingali di dieu<https://fbcdn-sphotos-a.akamaihd.net/hphotos-ak-snc7/379004_10150409075302376_649487375_8455060_1973258732_n.jpg> .
kuring kungsi ngaluuhan hiji sawala nu diayakeun di pasantren eta oktober 2011, bareng kang hendra balebat jeung kang indra napas bogor. nu jadi panyatur dina eta acara diantarana nina herlina lubis (prof. sajarah unpad), undang a. darsa (filolog ti unpad), jeung hasan jafar (prof. arkeologi ti ui). nu paling inget mah naon nu dibejerkeun ku kang undang, nu kira-kira nyebutkeun, aksara sunda nu aya dina prasastina fajar laksana teh aksara alpabetik (saaksara ngalambangkeun sasora), conto aksara sejen nu alpabetik nyaeta aksara latin (a, b, c, ...). ieu hiji hal nu anyar kapanggih. sabab aksara sunda kuna nu geus ditalungtik samemehna mah kabeh ge aksara silabik (saaksara ngalambangkeun saengang), "ka ga nga ..." atawa 'ha na ca..." misalkeun. terus, dina warta di sukabumizone di dieu<http://webcache.googleusercontent.com/search?q=cache%3AZaFzhlymMM4J%3Asukabumizone.com%2F2012%2F01%2Fbenda-arkeologi-penemuan-di-sungai-cimandiri-diduga-palsu.html+prof.+fajar+laksana+pesantren+al+fath&cd=4&hl=id&ct=clnk&gl=id>, bu nina ge ngabantah yen naon nu ditimukeun ku fajar laksana kaasup kana benda arkeologi. ngeunaan aakuan fajar laksana katurunan siliwangi mah, tos teu aneh. biasana jalma-jalma sunda nu hayang diaku ku urang sunda sok ngaku katurunan siliwangi. meh sarupa jeung rea habib nu ngaku katurunan nabi muhamad. meh sakabeh bupati di tatar sunda baheula numbukeun pancakakina ka prabu siliwangi. kitu deui tokoh-tokoh romantik sunda kiwari, rea nu ngaku yen manehna teh turunan siliwangi. siliwangi nu mana? walohualam... bobot sapanon, carang sapakan, nyanggakeun. leres atawa lepat sadayana tina katuna simkuring. hatur nuhun. dudi nu resep diajak ngaprak. Pada 2 Maret 2012 09:42, Tubagus Rifki L <[email protected]> menulis: > ** > > > Dulurs, manawi aya nu ngartos cindekelna. Ieu aya nu naros ka abdi, di > handap dicopas. > Nuhun, > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu > TiRiLik > > ____ > Maaf, mau tanya pendapat ttg penganugerahan gelar 'Rama Puhita' ke > Aburizal Bakrie. Waktu awal sy baca via Twitter, kok ya aneh. Faktanya, > media2 telah mengabarkan hal ini.. > > Sekilas sy jd ingat gmn dulu SBY jg pernah HAMPIR 'dianugerahi' gelar Raja > Batak. Tentu saja batal dgn sukses krn sanggahan dr org2 Batak. Pun sempat, > tentulah tidak sah secara adat, tidak diakui dan hanya jadi olok2an > seumurhidup -sampai ke anakcucunya. Belum lg keganjilan berkait 'siapa' yg > menawarkan. Cukup dilihat dr sisi adat Batak saja. Toh, kita semua paham > kalau ini hanya skadar 'gombalisme' politik.. > > Berbeda dgn kasus SBY, penganugerahan ini diserahkan oleh keturunan Prabu > Siliwangi. Dan sampai hari ini, sy blm berhasil temukan referensi mengenai > syarat prasyarat serta tolok ukur seseorang pantas mendapat anugerah > seagung itu.. > > Maaf, Kang, sy bukan org Sunda. Tidak ada hak sy utk urun suara dlm adat > Sunda. Paling banter hanya sekadar pendapat, sbg non-Sunda. Hanya demi yg > sy rasakan sendiri aja ini. Kalau ada link referensi atau pendapat dr Kang > Tubagus, sy tunggu. Kalau dikenankan, akan sy share jg di FB n Twitter.. > > Trims, Kang.. > Ahung! > [Na] > > > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
