Episode ka 35 – Nyi Epon jadi murid Kiai Salam
 
Salian ti hayang guguru ngaji, Nyi Epon teh tada teuing hayangna jadi Pendekar 
Silat; lantaran manehna geus kapangurahan pisan ku Jalma nu nyantri jeung jago 
Silat. Ah aing ge ulah eleh ku Kang Jalma. Kitu piliran Nyi Epon.
 
Bakat ku keyeng ahirna Nyi Epon apal yen Guru Silat di dinya teh Kyayi Salam; 
nya na hiji poe mah Nyi Epon ngadep ka Kyayi Salam menta supaya daek ngajar 
Silat ka manehna. 
 
Kaget oge Kyayi Salam; lantaran geus taunan manehna jadi guru Silat, can 
ngajaran ngajar ka awewe; rata2 lalaki wungkul.
 
“Ke heula Nyi naon sababna Nyai make hayang diajar Silat ?” Kyayi Salam nalek 
ka Nyi Epon.
 
Nyi Epon:”Kyayi nu dipihormat; ari  diajar Silat naha awewe teu meunang ?” Nyi 
Epon males nanya.
 
“Eu...... lain kitu, tapi naha keur naon awewe diajar Silat ?”
 
“Naha Kyayi teu uninga waktos abdi ditawan ku para begal ? Upami teu aya Kang 
Jalma mah, tangtos abdi jadi boneka nu dimaenkeun ku para begal ? Tah mun abdi 
tiasa mah panginten tiasa ngabela diri, sanes ? teu dihina hina teuing sapertos 
kitu ? Paling ge dipaehan ?” Nyi Epon mani nyorocos majukeun argunentasina.
 
Sajongjongan mah Kyayi Salam ngahuleng, ti na teu kapikir ieu murid pasantren 
bisa ngomong kitu. Awewe deuih.
 
“Nya atuh ari memang nyai rek guguru ka bapa mah sok bae; ngan latihanana ulah 
ngahiji jeung lalaki; lalaki teh tiap malem senen jeung Kemis; tah atuh nyai 
mah ; Salasa Rebo; kumaha ?”
 
“Nuhun atuh Ki; ari soal latihan mah kuma Kyayi atuh.
 
Jadi ari Jalma mah balik deui jeung Nyi Emeh ka Leuwwiseeng, ari Nyi Epon mah 
terus dipasantren; salian ti ngaji manehna tekun pisan ngalatih Cimande. Lain 
ngan ukur Salasa Rebo; unggal peuting manehna terus tekun latihan. Saenyana Nyi 
Epon geus robah jadi awewe ambisius. Naon sababna ? Sabab CINTA. Cinta bisa 
ngarobah manusa ti na sieun jadi wani; jeung sabalikna deui. Ngaji terus 
beurang; atuh ibadah shalat teu tinggal; ngan manehna rada sering nundutan; 
lantaran sok latihan peuting teuing; malah kalan2 sok ngintip lalaki nu keur 
latihan Silat. Patekadan Nyi Epon gede pisan, nepi ka kamajuanana oge 
nyongcolang pisan; nepi ka Kiai Salam ge heraneun , jeung ngarasa yen ngajar 
Silat Nyi Epon teu salah. Ayeuna mah ti na heran jeung rada hambar panarimaan 
Kiai Salam, jadi robah ngahargaan jeung nyaah ka Nyi Epon; malah terus 
dipapatahan supaya salian ti latihan pencak silat; oge kudu latihan nu tekun di 
na ngeusi tanaga jerona. Sabab teu sambarang jelema
 bisa ditingkatkeun ku latihan eta; mun kamajuanana teu kaciri; jadi Nyi Epon 
mah geus boga syarat pikeun narima sakabeh kabisa Kiai Salam.
 
HANCA

Kirim email ke