=> http://albanduni.wordpress.com

----- Pesan yang Diteruskan -----
Dari: Aan Merdeka Permana <[email protected]>
Kepada: SALAKANAGARA <[email protected]> 
Dikirim: Senin, 5 Maret 2012 7:58
Judul: [SALAKANAGARA] Naha Enya
 

Facebook
Aan Merdeka Permana mengirimkan sesuatu di SALAKANAGARA
 Aan Merdeka Permana 5 Maret 7:58  
Naha Enya 
Makuta Hayam Wuruk
Kapanggih di Majalaya?

NU écés, ti wewengkon Majalaya mémang geus kapanggih hiji makuta raja. Sawatara 
urang dinya nyangka,éta téh makuta Prabu Hayam Wuruk sawaktu ngadatangan (tur 
maot) di wewengkon Majalaya. Kapanggih gambar galudra anu jadi lambang 
Majapahit.

ANYAR-ANYAR ieu di wewengkon Majalaya, Kabupatén Bandung kapanggih artéfak 
sejarah, mangrupa makuta. Ari kapanggihna téh di lelewek lembur Leuwidulang, 
Désa Sukamaju. Di kompléks SMA Pasundan Majalaya. Henteu digujrudkeun, nepi ka 
paraguru gé réa anu teu apal. Geus puguh murid-muridna mah. Tapi, ari urang 
Yayasan Pasundan mah geus réa nu dibéré iber. Malah, sababaraha urang mah maké 
jeung hayang mecakan, kaasup kapala sakola SMA Pasundan Majalaya tapi, sarua 
deuih, henteu gujrud. 
Ayeuna makuta téh disimpen dina lomari kaca. Lian ti makuta, aya deuih barang 
séjénna mangrupa tongkat. Bahanna sarua, campuran pérak, wesi kuning, jeung 
emas 18 karat. “Tapi, da sanajan ditawar sabaraha ogé moal dibikeun. Jeung moal 
sina nyingkah ti dieu,” omong Pa Dédé, salasaurang staf SMA Pasundan Majalaya 
basa ngobrol jeung Ujung Galuh. 
Rada ahéng, saenyana mah. Percaya teu percaya basa narima béja yén di Majalaya 
kapanggih makuta raja. Cindekna di Kampung Leuwidulang, Désa Sukamaju. Mimitina 
mah henteu waka hayang maluruh, da angkanan téh asa mustahil. Sualna, 
ngaran-ngaran makuta raja, meureun kudu aya patalina jeung urut wilayah 
karajaan. Naha baheulana di Majalaya kungsi ngadeg hiji karajaan, nepi ka 
danget kiwari ogé tacan enya kapaluruh. 
Nurutkeun sawatara katerangan ti sababaraha urang tokoh kolot Majalaya, 
rarasaan mah tacan aya deuih nu ngaguar sajarah Majalaya dipatalikeun jeung 
ngaran hiji karajaan. Tapi, basa ngaguar patilasan Karajaan Saunggalah di 
Kadatuan Paséh, kungsi meunang katerangan, yén dina mangsa yuganing rajakawasa 
saméméh abad ka-16, di dinya kungsi ngadeg 2 karajaan leutik, katelahna 
Karajaan Saunggalah jeung karajaan Madyalaya.
Ngeunaan Karajaan Saunggalah mémang kungsi ditulis sasakalana. Tapi, ari 
Karajaan Madyalaya mah nepi ka danget kiwari gé, masih kénéh lebeng, tacan aya 
katerangan anu jinek, boh sacara lisan boh  sacara tékstual. Nya kitu deui, 
artéfak-artéfak pangrojongna. Ngan aya sotéh batu candi, nu pernahna di Kampung 
Tanggulun, Désa Tanggulun. Wates Majalaya jeung Kacamatan Ibun ayeuna.
Tapi, ayana batu candi di hiji lelewek, tacan karuhan deuih bisa dipatalikeun 
jeung ayana pusat pamaréntahan karajaan. Da ari batu candi mah bisa di mana 
waé. Contona di Kampung Bojongemas, Kacamatan Solokanjeruk jeung di Kampung 
Bojongménjé, Désa Cangkuang, Rancaékék. Sanajan enya gé aya kompléks urut 
candi, euweuh saurang gé anu matalikeun jeung pusat kagiatan karajaan.
Alatan sacara kawilayahan tacan aya bukti ngadegna hiji karajaan di wilayah 
Majalaya, nya saheulaanan mah panalungtikan makuta bisa dimimitian ku cara 
ngaguar tina jihat nu séjén. 
Kabeneran maluruh makuta téh henteu bisa kebat ka nu manggihanana. Da rada hésé 
dipanggihan. Ngan cenah ari hayang-hayangan teuing mah kateranganana, bisa waé 
nepungan sababaraha sumber, diantarana, Dra. Hj. Tetty Héndriyati, B.Sc. 
salasaurang guru sajarah, jeung  Drs, H. Dédi Sutardi, M.M.Pd., Kepala Bidang 
Sejarah Dan Kepurbakalaan Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kabupatén Bandung.
Matakna, harita kénéh gancang nepungan para narasumber anu dituduhkeun téa. 
Tétéla deuih, boh Hj. Tetty Héndriyati, boh H. Dédi Sutardi, saenyana mah tacan 
pati enya narima katerangan anu leuwih jero tur lengkep. 
Hj. Tetty Héndriyati ngan saukur nyebutkeun yén éta makuta téh asalna ti 
Majapahit. Naha enya kitu ti Majapahit? Ké heula, kudu puguh alesanana. Tapi 
kétah, boa enya bisa jadi kacindekanana kitu, sabab aya sawatara ciri tina 
totem ukiran atawa tata rupa makuta. Salian ti makuta, aya deuih tongkat 
komando. Nu hiji huluna winangun ukiran hulu manuk hanura atawa garuda. Hiji 
deui mah ukiran buleudan kéong. Manuk garuda simbol Karajaan Majapahit minangka 
filosofi kajayaan nagara. Ari ukiran buleudan kéong, simbol tina gelung indung 
anu hartina ajaran yén hirup kudu ngahargaan jeung hormat tilawat ka nu indung 
atawa kaum istri. Tah, nu ieu mah simbul anu dipaké ku karajaan-karajaan di 
Tatar Sunda. Dina salasahiji tongkat kapanggih aksara Jawa. Dijieunna tina 
bahan campuran pérak, wesi kuning jeung emas. 
Ari H. Dédi Sutardi ngan semet nyebutkeun ciri-cirina katut raja anu kungsi 
makéna. Diantara ciri-cirina, éta makuta téh ngabogaan ukuran anu jangkungna 
kurang leuwih 45 cm, kalawan diaméter antara 25-30 cm. Ari wangunna méh mirip 
makuta Déwa Krisna dina dunya pawayangan. Béda jeung makuta raja-raja Sunda anu 
leuwih mirip makuta Batara Guru.
“Ieu makuta téh lain jang pakéeun sapopoé,” ceuk Pa Dédé,  anu mimiti ngampihan 
éta makuta. “Tapi, digunakeunana ukur dina waktu raja rék diwastu (dilantik). 
Nu pangahirna maké ieu makuta katelahna Prabu Ulun Umbul, pokna deui. Aya deuih 
anu nyebutkeun yén ieu makuta téh dipaké ku Raja Sungging Perbangkara.
Dumasar kana katerangan bieu, bisa dihartikeun yén makuta anu kapanggih di 
Majalaya, éstuning disamarkeun niléy kasajarahanana. Kawas aya carita anu 
disumputkeun dina jaman karajaan-karajaan baheula. 
Lamun nurut kana katerangan Hj. Tetty Héndriyati anu nyebutkeun asalna makuta 
ti Majapahit, hartina dina mangsa baheula aya hubungan nu raket antara Karajaan 
Majapahit jeung Karajaan Sunda. Tapi, naha ieu hubungan téh bet kudu nyamuni 
ngeunaan raja-raja anu makéna éta makuta.
Dina catetan sajarah resmi, mémang henteu kungsi aya nu nyebutkeun Prabu Ulun 
Umbul. Nya kitu deui Prabu Sungging Perbangkara.
Tokoh Prabu Sungging Perbangkara mémang kungsi disebut-sebut dina carita 
Sangkuriang atawa sasakala Tangkubanparahu. Kajadian munculna Gunung 
Tangkubaparahu  sorangan aya dina zaman kwartér tua antara 1,5 juta nepi 1 juta 
kalarung. Ari tradisi tatanan karajaan di Tatar Sunda kakara muncul taun 130 M 
ku ngadegna Karajaan Salakanagara.
Sedengkeun, ngaran Prabu Ulun Umbul mah, saenyana bisa diudag sacara étimologis 
atawa tradisi ayana ngaran jujuluk anu sok dipaké di kalangan para raja-raja 
baheula. Ngaran Prabu Ulun Umbul, nilik kana katerangan bieu mah nya bisa waé 
ukur ngaran jujuluk, lain ngaran sabenerna.
Disamarkeun
Saha saenyana ari Prabu Ulun Umbul nu asalna ti Majapahit téh?
Mun seug ngungkab deui carita Sasakala Majalaya vérsi lalampahan Prabu Hayam 
Wuruk sabada Perang Bubat atawa turun tahta tina karatuan, ceuk dina ieu vérsi 
carita, ngaran Majalaya aya patula-patalina jeung kajadian perlayana Raja 
Majapahit di wewengkon Hénéng Galuh (wilayah Bandung Kidul sabudeureun 
huluwotan Citarum, ayeuna).
Dicaritakeun, sabada turun tahta tina karatuan di Majapahit taun 1389 M., Prabu 
Hayam Wuruk ngahaja ninggalkeun Karajaan Majapahit. Inditna éstuning 
rerencepan. Teu ieuh loba nu apal kamana Hayam Wuruk léosna. Aya nu nyebutkeun 
yén Hayam Wuruk ngahaja napak tilas ka tanah luluhurna, ka wilayah urut 
kakawasaan Prabu Darmasiksa anu harita jadi Karajaan Sunda. 
Basa Prabu Hayam Wuruk datang ka tatar Sunda, nu madeg raja, nyaéta Prabu 
Niskala Wastukancana (1371-1475 M.). Sakumaha pituduh, Prabu Hayam Wuruk henteu 
langsung muru ka Kawali, pusat pamaréntahan Wastukancana. Tapi nepungan 
salasaurang panguasa wewengkon kawesian anu katelahna Rahyang Campaka. Nya 
dumasar kana pituduh Rahyang Campaka, Hayam Wuruk diperenahkeun di wilayah 
Hénéng Galuh anu masih kénéh leuweung gerotan.
Di leuweung Hénéng Galuh, Hayam Wuruk mimiti muka padukuhan anyar. Beuki lila 
beuki lila, éta padukuhan téh beuki haneuteun. Antukna mah jadi daérah 
binayapanti, tempat latihan kaprajuritan. Hasil didikanana, loba anu kapaké 
jaradi baladhika, puragabaya atawa jagabaya di Karajaan Sunda katut 
karajaan-karajaan bawahanana.
Geus diniatan ti saméméhna, yén datangna Hayam Wuruk ka tatar Sunda téh 
éstuning boga tujuan ngaresibakti ka tanah luluhurna, bari sakalian nebus dosa 
tina timbulna kajadian Perang Bubat dina jaman pamaréntahanana. Kajadian Perang 
Bubat anu ngabalukarkeun gugurna Prabu Linggabuana katut Putri Dyah Pitaloka 
geus ngadatangkeun kagegeringan anu pohara dina sanubari Hayam Wuruk. 
Hayam Wuruk ngarasa geus ngarempak amanat luluhurna, Prabu Darmasiksa anu 
ditepikeun ka Radén Wijaya atawa Prabu Kertarajasa Jayawardana (1293-1299). 
Tatanan amateguh kadatwan, dina mangsa Hayam Wuruk diganti ku tatanan amukti pa 
liu pa jieunan patihna, Sang Ma Hong Foe alias Mahapatih Gajah Mada, anu 
ngabalukarkeun hubungan Sunda jeung Majapahit bengkah.
Kadatangan Hayam Wuruk ka tatar Sunda, dibagéakeun ku Rahyang Campaka. Malah, 
ti Rahyang Campaka, Hayam Wuruk saenyana meunang iber yén Putri Dyah Pitaloka 
henteu ngalaman gugur di Bubat sabab kaburu aya nu nyalametkeun. Dina kaayaan 
keur kapiuhan Dyah Pitaloka dibawa deui ka Tatar Sunda, tur diperenahkeun di 
hiji tempat bari ngasuh nu jadi adi, Rakéan Pitara anu masih kénéh leutik. 
Sanggeus Rakéan Pitara sawawa, tuluy diwastu jadi raja Sunda kalawan gelar 
Prabu Niskala Wastukancana. Ti harita, Dyah Pitaloka milih hirup jadi ahli 
tatapa bari sakali-kali mantuan nu jadi adi sangkan bisa nanjeurkeun Karajaan 
Sunda.
Satadina mah Hayam Wuruk teu nyangka yén Dyah Pitaloka masih kénéh aya dikeuna. 
Da disangkana mah geus gugur di Bubat, matakna Hayam Wuruk kungsi ngadegkeun 
sanggah jang sembahbakti ka Dyah Pitaloka. Tapi, sanggeus dibawa kalawan 
rerencepan tempat tapana, Hayam Wuruk mimiti percaya. Jeung deuih, harita mah 
Hayam Wuruk teu daék ganggu, sabab katingalina Dyah Pitaloka jongjon pisan 
kawas nu henteu bisa diganggu.
Ngan basa Dyah Pitaloka dibawa ku Rahyang Campaka ka sanggah tempat Hayam Wuruk 
ngayakeun sembahbakti ka Dyah Pitaloka jeung ka tatar Sunda. kasampak Hayam 
Wuruk geus palastra, dirempug puluhan karaman anu boga maksud hayang ngarebut 
harta kakayaan Hayam Wuruk. Para karaman apaleun yén Hayam Wuruk nu malih warni 
jadi Ki Anom téh horéng mah Raja Majapahit. 
Tangtu waé Hayam Wuruk henteu mikeun kitu waé. Ongkoh deuih harta kakayaan 
bawana ti Majapahit geus disumputkeun di hiji tempat anu saurang gé taya nu 
apal. Diantara harta kakayaan anu dibawana téh, nya salasahijina mangrupa 
makuta karajaan.
Mun nurut kana carita di luhur, istilah Majalaya boa enya asalna tina kalimah 
Raja Majapahit Perlaya. Ari makutana anu salila ieu disumputkeun henteu 
kapanggih ku karaman bet kabeneran kapanggih di lelewek Leuwidulang, Désa 
Sukamaju, Kacamatan Majalaya.
Tapi, naha bet ngaranna Makuta Ulun Umbul?
Kecap ulun, ngabogaan harti babakti. Ari kecap umbul, bisa dihartikeun 
rupa-rupa. Harti nu kahiji, robah jadi kecap umbul-umbul, hartina kaén 
warna-warni anu dipasang dina awi gantar, biasana rada melengkung ka congona. 
Sok dipaké keur hiasan di sisi-sisi jalan mun mapag tamu agung. Harti kadua, 
sok robah jadi kecap umbur, hartina gancang pisan badagna. Harti katilu, 
hartina Cikahuripan. Harti kaopat, robah jadi kecap mumbul, atawa ngumbul harti 
ngapung atawa keur aya di luhur bari kokoléaban. Harti kalima, pamingpin daérah.
Dipatalikeun deui kana carita tadi, boa enya anu dimaksud Prabu Ulun Umbul téh 
taya lian ti jujulukna Prabu Hayam Wuruk salila ngaping di wewengkon Hénéng 
Galuh. Anu jadi alesanana:
Miangna Hayam Wuruk ti Majapahit ka Tatar Sunda boga niat hayang babakti (ulun) 
atawa ngaresi bakti pikeun nebus dosa ka Raja Sunda katut ka Putri Dyah 
Pitaloka.
Sanajan datangna ka Tatar Sunda bari rerencepan, tapi ngaran-ngaran ka Raja 
Agung teu burung wé dihiap tur dibagéakeun ku panguasa anu kadatangan nyéta 
Rahyang Campaka (dipapag ku umbul-umbul).
Basa Hayam Wuruk diperenahkeun di wilayah Hénéng Galuh, (deukeut ka umbul atawa 
Sumber Cikahuripan) nu asalna leuweung-luwang-liwung, dina waktu anu teu lila 
(umbur) geus bisa robah jadi padukuhan anu kacida haneuteun.
Saenyana Karajaan Majapahit nu ditinggalkeun ku Hayam Wuruk téh kaasup karajaan 
anu keur meujeuhna mumbul (aya di luhur, disebutna gé karajaan agung).
Salila aya di tatar Sunda, da tadina gé puguh raja, nya Hayam Wuruk dijadikeun 
pamingpin (umbul) padukuhan.
Dumasar kana alesan-alesan tadi, Prabu Ulun Umbul mémang larap pisan jeung 
kaayaan Hayam Wuruk waktu aya di Tatar Sunda. Enya henteuna, nyanggakeun. 
(Dimuat dina Majalah Sasakala Ujung Galuh No.16  
 
Lihat Kiriman Ini di Facebook · Sunting Pengaturan Email · Balas email ini 
untuk menambahkan komentar.

Kirim email ke