Hatur nuhun bah AA
Geus sosonggeteun yeuh, lieuk deui lieuk deui... :D

Sent from BelekBek®

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sun, 4 Mar 2012 23:18:48 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Cersil Sunda ka 82










Na hiji waktu Kiai Salam ngahaja nitah Nyi Epon diberego peuting kaluar cenah 
ditempat nu rada jauh ti dinya engke kaluar; lamun aya nu ngahalang tah coba 
tarung cenah. Dina waktu nu sarua Kyayi Salam nitah 4 Murid Pasantren nu milu 
ngaguru penca ka Kiai Salam. Eta nu opat dititah indit ka sisi leweung nu 
deukeut ka dinya; maranehna teu nyaho rek naon tapi terus we maranehna ka 
dinya; barang ngadeukeutan eta leuweung; ti nu poek nu loba kakaian luncat hiji 
“sosok” nu make berego pakean hideung2.
 
“Hey eureun ! Rek kaman ki silah ? “ Cek Ki Jaini salah sahiji murid Ki Salam.
 
Lain ngajawab eta sosok teh ujug2 gaplok wae nyerang; mani nyeri reuwas jeung 
teu ngarti Ki Jaini kacabok; atuh nu tiluan batur Ki Jaini terus wae maju 
megatan eta “sosok”; tapi eta sosok malah jadi ngamuk; saha wae nu ngadeukeutan 
tangtu ditinggang; teu kadenge sorana; da eta sosok teh ngabetem wae.  Eta 
sosok teh make berego hideung; pakean sarwa hideung; badanna kaciri langsing; 
ngaharib harib ka awewe. Laju nu opatan ngoroyok eta si nu diberego; tapi 
opatanana oge kadesek, najan ngahurup ge. Maranehna heran naha ieu si berego 
hideung teh elmuna sarua pisan jeung maranehna; ngan wae leuwih kesit jeung 
leuwih antep. Keur kitu aya nu susuit jiga nu ngageroan; si berego gancang 
luncat ka leuweung ; les we teu kaciri deui. Murid2 Kiai Salam baralik, terus 
bebeja yen manehna nemonan penjahat nu elmuna kacida saruana. Kiai Salam repeh 
we teu loba omong; ngan nitah maranehna baralik asup deui ka kobong.
 
Malem salasa Kiai Salam nyarita ka Nyi Epon; yen Nyi Epon geus lulus; tinggal 
ningkatkeun we cenah; da elmuna geus dibikeun kabeh ka Nyi Epon; jadi teu kudu 
kadieu deui cenah. Nya atuh ti harita mah Nyi Epon latihan we sorangan; 
pangpangna ngalatih tanaga jero.
 
Na hiji peuting, biasa keur ngalatih diri; manehna ngadenge aya nu nyikikik. 
Reuwas jeung rey we bulu pundukna maruringkak; ih aya naon yeuh ? Naha ieu 
kunti tea kituh ? Seurina pikasieuneun pisan ? Tapi lain ge Nyi Epon mun sieun 
ku ukur nu seuri mah; nya manehna ngadepong ka nu poek; nempoan bisi eta nu 
nyoara tan katingal teh aya di deukeut tempat eta. Tapi weleh teu kapanggih. 
Ahirna leos wae Nyi Epon ka kobongna. Ari  nu sejen mah jam 8 ge geus talibra 
sarare; ari Nyi Epon mah; ku sabab biasa latihan tea; nya sarena pang peutingna 
wae.
 
Peuting isukna waktu keur latihan ; aya nu ngusap ka na pipina; barang ngalieuk 
kaciri aya nu ngolebat; tapi teu kaciri jirimna; rey deui bulu punduk Nyi Epon 
maruringkak; ieu teh jurig, atawa manusa ? Kitu pikiran Nyi Epon. Terus 
babacaan; sanggeus tenang deui der deui we latihan.
 
“Hahaha ngagilek kagigir , mundur salengkah lain maju, bodo !” ayeuna mah jelas 
sora manusa; mani reuwas Nyi Epon ngadenge sora jelema, bari jiga nu mapatahan. 
Teu nyaho kumaha Nyi Epon nurutkeun eta papatah; enya we asa ngeunah jeung 
leuwih mantep lengkahna; terus Nyi Epon neunggeul ka hareup bari ngagiwar 
leungeun nu kenca ngalayang ka luhur.
 
Ngong deui sora :”Salah ! kuduna luncat heula, kakara ngagiwar kakenca; terus 
nonjok bari nalipak.”
 
“Eh ieu teh saha jurig ? cek na hatena.” Tapi terus we Nyi Epon ngajalankeun 
naon nu disebutkeun ku eta sora; karasa aya tanaga asup ti na handapeun bujal 
kana dada terus nyalur ka na leungeun. “Euleuh enyaan hebat ieu jelema tanpa 
jirim teh.” Cek hate Nyi Epon, terus we Nyi Epon deku dat nyembah pok 
ngomong:”Eh sampeyan Jelema sakti; mugi kaluar nembongan ka kuring; kuring 
hayang guguru ka sampeyan.”
 
HANCA

Kirim email ke