Ki nu hanca cersil 11 sreng strasna kmh ki hehehe...nuhun

Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 9 Feb 2012 11:49:50 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 72





Tilu poe ti
harita jebul we Bella Vakansi; terus we Nyi Emeh nyarita rek balik heula ka
Leuwiseeng. Sarua jeung Tuan Hendrik Bella ge nanyakeun bisi salila di dieu aya
nu matak nganyerikeun hatena. 

Ah teu pisan2 cek Nyi Emeh, ieu mah geus lila we
cenah hayang nempo lembur. 

Wah ayeuna mah maning ge entong waka balik cenah,
lantaran Leuwiseeng teh jauh pisan; keun engke cenah mun Bella aya vakansi
panjang kira2 sabulan deui; lantaran Bella ge hayang nyaho lemburna Nyi Emeh, 

Nya atuh Nyi Emeh ngelehan, rek nunggu Bella vakansi heula. 


Di na
waktuna, lain wae Jalma jeung Bella nu nganteurkeun teh, malah Ricky ge datang
ngahaja cenah hayang nempo jeung ulin ka pilemburan. Nya atuh ayeuna mah opatan
naek ka na kareta Bella. Upas aya opatan ngawal eta kareta; lantaran cenah
balikna engke pastina ge moal aya Jalma; lantaran Jalma oge rek balik heula
cenah nyelang ka lemburna ( Wanayasa ). 


Caritana
nepi we ka Leuwiseeng. Saperti waktu Jalma datang mimiti, ayeuna ge kadatangan
ieu para “wisatawan” teh disambut ku sakampung; kabeh karageteun nempo Nyi Emeh
dianteur ku dua Kumpeni awewe lalaki nu masih ngora keneh pisan; maranehna ge
heran nempo Jalma bareng jeung eta para tamu agung. 

Nu pang bungahna mah Nyi
Epon; langsung na hatena loba impian dararatang; impian endah tea, nu bakal
mawa kabagjaan pikeun dirina. 


Jalma ayeuna
mah nganjrekna di “ibu angkatna” ( indung kukut ) Nyi Emeh. Ari Richard jeung
Bella ngan ukur sapoe didinyana; isukna balik deui. 


Dua poe ti
harita .......... “Punten.” Sok abus; saha ieu teh ?” 


“Aduh Ibu
mah sok kitu ? Ma Emeh, pan abdi teh Epon tea. Eh Kang Jalma tos hilap nya ka
Epon ?” 


“Ah piraku
atuh akang hilap, ngan wae akang teh kakara jol kapan, engke rek ka ditu ka
bumi Epon. Aya naon Pon ?” 


“Sono we atuh,
utamana ka ieu Ma Emeh; da kapan Ma Emeh ngantunkeun Leuwiseeng tos lami; bari
teu wawartos ka sadayana; atuh sadayana ngaraos leungiteun; kumaha lalakon teh
Ma ?” 


“Wah
panjaang mun didongengkeun deui teh.”Tembal Ma Emeh, ke mun geus rineh urang
ngadongeng. “Sok atuh ayeuna mah kajero.” 


Nyi Epon
lain asup ka jero, malah leos ka dapur; terus mirun seuneu. 


“Eh nanaonan
eta teh Nyi Epon ? Keun we Ema ge rek mirun seuneu.” Cek Nyi Emeh ku sabab
kaget nenjo Nyi Epon teu di titah ge geus langsung ka hawu. 


“Ah keun we
atuh, itung2 pakaulan Ma Emeh mulih; keun we urang pangmasakkeun ku
Epon.”Tembal Epon daria pisan. 


“Ulah ih !
Entong, keun we ku Ema engke.” Ce k Ma Emeh. 


“Sawios Ma,
naha Ema bade ngahalangan ka na kahayang Epon ? Keun we Epon mah atoh bisa
ngabantuan Ema.” 


Nya atuh ku
Nyi Emeh diantep we Epon masak; terus nyieun teh keur tiluan.
HANCA 


Kirim email ke