Aduh abah meni pondok pisan, tambihan sakedik deui bah. Hatur nuhun

Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 23 Feb 2012 12:07:35 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 80





“Ngiringan
wae aceuk kuring mah. Tah Jalma , Ipah bisi rek kaluar heula; da kapan ti
tatadi diuk wae; komo Jalma mah, jung kaituh ka taman.” Cek Aj. Salim bari imut
nu aya hartina. 


Atuh teu
kudu ngaduakalian leos we Jalma jeung Nyi Ipah kalaluar; tapi kaluarna teh siga
nu keketeyepan pisan; tapi barang geus kaluar ti panto jero, berebet teh Nyi
Ipah lumpat; atuh Jalma oge pipilueun lumpat nuturkeun Syarifah. Teu kanyahoan
ku sabab lumpat bari teu tumpa tempo atuh kosewad goleang wae Nyi Syaripah
rubuh; atuh Jalma barang nempo Nyi Ipah ngagoleang, muru make jurus lumpat
tarik atuh ngan sakilat Nyi Syaripah teu jadi rubuh; ngan aya dina keukeupan
Jalma; barang sadar keplok wae Nyi Ipah nyabok ka Jalma ( tapi lalaunan ). 

Pok
nyarita:”Nanaonan Kang Jalma make ngarangkul sagala; pamali tah; kapan urang
can jadi salaki pamajikan!” 

Sajongjongan Jalma ngahuleng we, lantaran asa teu
salah da manehna mah rek nulungan Ipah nu rek tigubrag; tapi enya oge manehna
salah meureun; nya ahirna Jalma menta dihampura ti na geus wani2 ngarangkul
Ipah. 


“keun we
ayeuna mah, da teu dihaja cek Nyi Ipah ka Jalma; ulah deui2 nya ? Kumaha mun
aya nu nempokeun? Pan isin ?” 


“Moal atuh
Ipah; kapan ieu di taman sakieu sepina.”Walon Jalma. 


Jalma teu
waspada, da teu ngagunakeun ceuli keur ngabedakeun sora; padahal di luar taman;
dina rungkun nu ngarimbun aya sapasang mata nu ngawaskeun kajadian Jalma
ngarangkul Ipah. 


“Euh
geuningan Kang Jalma teh geus boga kikindeuwan ? Paingan atuh aing ditolak.
Naha aing kudu mundur ? Ah lain ge Epon mun nyerah saacan perang mah.” Nyata
eta nu ngintip teh Nyi Epon. Hatena campur aduk, loba hate nu cacarita; teu
nyaho naon saenyana nu rek dilakukeun ku manehna? Sabab kapan Nyi Epon mah
nekad pisan, hayang boga salaki ka Jalma kajeun nomer dua atawa tilu ge.
Lalaunan Nyi Epon ngolesed ti eta rungkun terus we keketeyepan nuju ka
kobongna.
HANCA
 


Kirim email ke