SAe Pisan kang....Hatur nuhun. Wass. Dodi
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]> Dikirim: Selasa, 6 Maret 2012 19:13 Judul: [kisunda] Sekte Islam ngan hiji nu bener ----- Pesan yang Diteruskan ----- Block reason: Abbas Amin ([email protected]) is on your Blocked List | Approve sender | Approve domain | Approve [email protected] Di na masalah nu "bener" ieu; kabeh sekte bakaal nganggap sektena nu paling bener. Ku sabaab kitu, tiap sekte hayang ngangajak batur supaya milu jadi anggota sektena; itu ieu teu boga rasa rumasa salah; sabab memang kabehanana oge bogal dalil sewang2an, nu hese dibere kasimpulanana. Samodel syi'ah jeung Sunnah, sigana mun diadu renyomkeun nepi ka maraot oge nu debatna, moal kapanggih, paling ge perang tea ! Bari jeung keukeuh kabeneranana teu kapanggih. Saenyana "bener" teu bisa ditangtukeun ku lobana nu nganut, teu bisa ditangtukeun kitu wae; da ari bener hakiki mah anging Allah tea. Komo atuh lamun ieu atawa eta "bener" teh dipakuat kaitkeun jeung politik. Wah tangtu beuki jauhna ti na bebeneran. Bener teh mun milu ka na falsafah Einstein mah kacida relativena. Ku sabab kitu, ulah boga rasa pangbenerna. Kudu boga rasa TOLERANSI, yen mungkin wae batur nu bener; ngan urang ayeuna yakin ka na sekte anu. Tah mun urang boga pikiran kitu, tangtu aman, Lantaran sakabeh jelema boga kayakinan sorangan2. Da aatuh jero2na mah ahirnaa masalah haliah dunya; masalah hayang boga nu implut pa loba2; ngarah reugreug yen nu dicekel teh "bener". Padahal maah sanajan mayoritas ge, ari masalah bener hakiki mah, can tangtu. Tapi ari cedk kuring maah, di sekte mana wae pek jalankeun kalawan ihlas; piceun atawa tinggalkeun hiji kalakuan nu teu pati jelas; jalankeun nu yakin sacaaraa UMUM ISLAM geus nangtukeun yen eta kalakuan nu BENER. Tah prak we jalankeun kalawan khusyu jeung IHLAS. Kumaha soal diskusi ? Ari eta mah BEBAS, samangsa teu ngajadikeun pagetreng nepi ka mumusuhan. Da ari masalah beda paham, nepi ka paagetreng mah, tong boro masalah agama; sedeng masalah nyiar rezeki oge kapan, bisa wae dulur jadi MUSUH. Tah mun bisa mah ieu nu kudu dijaga teh. Mun enya mah urang teh kaaasup jelema TAQWA. Abbas Amien, EOR, 6 Maret 2012
