mang kabayan urang itung nya, angka sumber tina wikipedia. umat islam di dunya (bumi we heula) jumlahna 1,6 milyar. cek beja, islam teh aya 73 golongan, ngan sagolongan nu bakal asup sawarga. urang asumsikeun kabeh golongan ngarecah rata, jadi sagolongan kira-kira jumlahna 22 juta. jelema nu hirup dina detik ieu, nu asup sawarga kira-kira 22 juta urang. ngan 0,32% tina 6,8 milyar populasi dunya.
urang asumsikeun deui, proporsi eta teh proporsi nu asup sawarga di tiap generasi. urang asumsikeun deui, sagenerasi panjangna 20 taun. islam anyar aya 14 abad, atawa 70 generasi. di abad katujuh, penduduk dunya kira-kira 210 juta urang. urang asumsikeun deui, pertumbuhan penduduk tetep tiap generasi, jadi kira-kira salila 70 generasi islam aya, kurang leuwih aya 242 milyar jelema nu kungsi hirup di dunya, ngan 774 juta nu asup sawarga. jadi gambaran surga nu lega jeung naraka nu pasedek-sedek teh asup akal, mun ningali kitu mah... hahaha 2012/3/6 Mang Kaby <[email protected]> > ** > > > ** Keula-2 euy populasi manusa di bumi nu ngagem Islam kurang leuwih > sigana 20%? teuing tah lamun di alam dunya mah lain di bumi wungkul hehehe. > Dunya ~ semesta? Lain bumi wungkul pan? > > Tah lamun nu ngagem islam wungkul anu asup sawarga anu 80% deui kumaha > nasibna? > > Tah tina 20% oge eta teu kabeh asup sawarga? > > Lamun kitu carana mah di naraka bakal pasesedek sigana hehehe... Geus > panas heuriiiin deuih hehehe. > Nuhuuuuuns, > Mang Kabayan > www.balongkabayan.com > "playing, swimming, dining, relaxing" > ------------------------------ > * > * > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
