Sabage ajengan, moal jalir jangji atawa sulaya naon anu geus paheut jangji 
jeung Jalma. Lamaran pasti ditolak. Tapi sodagar arab ngagunakeun kekerasan 
majukeun pangawalna. Para jagoan di pasantren eta eleh. Untung aya nyi Epon, 
anu bisa naklukeun pangawal sodagar arab. Saterasna duka kumaha tah. Naha nyi 
Epon jadi pangawal sodagar arab atawa jadi istrina anak sodagar arab.

Mrachmatrawyani


Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 7 Mar 2012 21:35:26 
To: kisunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka - 87 ( bari nanya komentar )





Episode
ka 37 – Tamu ti Cirebon

 

Dina hiji
poe Pasantren Miftahul Falah kadatangan tamu ti Cirebon, nu daratangna make
kuda jeung 5 Kalde nu pinuh na tonggongna ku barang2 bawaan. Ari nu ditujuna
nya eta Ajengan Salim; atuh Ajengan Salim jeung bojona kacida paciweuhna,
untung datang para santri awewe ngabantuan.

Tamu
ditarima ku Ajengan Salim ditengah imah, bari nanyakeun maksud daratangna ka
dinya.

Pok Nu
pangkolotna nyarita:”Aj. Salim, poma sampean ulah kaget ku kadatangan Kula. Ieu
Kula teh sudagar Abdul Gofar ti Cirebon, moal bireuk di Cirebon mah. Ari nu ieu
tah adi Kula Ki Abdul Raup. Ari ieu nu duaan Ki Garniwa jeung Seca pangawal
pribadi Kula; tah ari itu budak ngora anak Kula ngaranna Cakramana.”Ki Abdul 
Gofar
ngenalkeun dirina jeung rombonganana.

“Ari maksud
Kaula kadieu, nya eta hayang mimitran jeung sampeyan.”

“Mimitran?”cek
Aj Salim rada kaget. “Kunaon geuning mani ngahargaan pisan sampeyan ka kuring ?
Alhamdulillah, tapi tetep kuring heran.”

“Panjang
caritana mah. Sataun nu geus kaliwat, anak Kula Cakramana milu nganteur barang
ka Batavia kabeneran nganjrek di dieu 2 peuting, lantaran kapegat hujan. Tah di
na mangsa manehna keur luntang lantung, manehnaa nenjo anak Ajengan, nu
ngaranna Nyi Syarifah. Budak Kula kabungbulengan, teu beunang dipersabenan,
nya  atuh Kula bapana rek ngalaksanakeun
kahayang anak; ku sabab kitu; ayeuna Kula ka dieu teh, rek ngajukeun lamaran
keur anak Kula; itu diluar barang2 nu di na tonggong Kalde ngahaja dibawa
pikeun sampeyan mudah2an sampeyan  bisa
narima ieu panghargaan ti Kaula.”

 Sajongjongan mah Aj. Salim teu bisa ngomong,
sabab hareugeueun, boh teu nyangka maksud ieu semah saperti kitu, bari jeung
ngarasa ieu semah kacida luhurna; istilahlahna rada ngalecehkeun manehanana
dianggap pidunya pisan.

Sanggeus
ngahuleng, pok we Ajengan Salim nyarita, tatag ayeuna mah:”Cing kuring hayang
nyaho, naon wae nu dibawa ku sampeyan pikeun Kaula teh.” Ayeuna mah Aj. Salim
ge ngabasakeun Kula oge keur dirina.

Ki Abdul Gofar
jigrah, na hatena ngomong, lakadalah ieu Aj. Salim sigana mah narima lamaran
anak aing yeuh ? Langsung manehna nitah adina nya eta Ki  Abd Rauf ngabongkar 
kabeh muatan; der barang2
digarotong ti na Kalde ka tengah imah. Aya hiji peti nu dijieun ti na kai jati;
make ukiran Japara kacida alusna, barang dibuka bray teh runtuyan mutiara;
pasangan geulang emas kangkalung emas mani buranyay. Sigana eta teh pamere nu
pang mahalna.HANCANB : sok lah komentaran, tah ieu cersil teh geus nepi ka 
dieu.Cing kira2 kumahaa tuluyna ? Hahahaha



Kirim email ke