Anyar tilu bagéan nu geus dibaca ku kuring, "Episode Ka-I: Ki Sarlita",
"Episode Ka-2: Sari", jeung "Episode Ka-3: Sarwa", ngan geuning geus teu
kawawa, géték hayang geura ngoméntaran. Hampura, hususna ka Bah AA, kitu
kuring biasa nyaluk Abas Amin di ieu milis, mun koméntar kuring ieu leuwih
gedé sisi émosina.

Nu karasa ku kuring sanggeus maca tilu bagéan éta, carita silat ieu (atawa
mun cek istilah Bah AA mah cersil) kentel pisan kahayang Si Abah pikeun
jadi guru basa, saperti nu katingali ku kuring tina sawatara postinganana
di milis. Najan mémang henteu langsung ngaliwatan ucapan pangarang, tapi
nginjeum létah tokoh, Neng Sari. Hal éta katingali dina paguneman antara
tokoh utama, Jalma jeung Sari di episode kadua. Sari nu bolon ngajar kumaha
migunakeun basa ka Jalma nu geus sawawa. Cek Sari ka Jalma, ” Nyarios téh
kedah raos kakupingna ku cepil”, cenah. Jeung Jalma, nu jago, nu kasar téh
teu aya rasa kapaksa dipapagahan ku Sari deuih. Éstu pasrah pisan. Naha
pedah Sari anak Ki Sarlita, dununganana? Atawa ukur sikep biasana urang
kampung bau lisung, nu lugu, nu narima? Walohualam. Can kajawab.

Bah AA gé katingalina percaya pisan kana babasan "basa nuduhkeun bangsa",
basa nuduhkeun kalakuan. Papagah Bah AA, ngaliwatan Sari, yén migunakeun
basa téh kudu "raos kakupingna" henteu nerap ka babasaanna Sarwa, anak Ki
Sarlita, lanceukna Sari mah. Sarwa nu apal pisan kana migunakeun basa,
katingali basa ngilu mapagahan Jalma, jigana boga ahlak nu kurang hadé. Nu
paling kabaca tina ieu carita, Sarwa mah boga haté sirik jeung mandang
rendah ka Jalma, nu dianggap ukur bujang Bapana. Jadi Sarwa, cek Bah AA
mah, wenang ngagunakeun basa nu teu "raos kakupingna" lamun ngomong ka
Jalma. Sabab lawan nyarita Sarwa, Jalma, leuwih handap umur jeung darajatna.

Hal séjén nu narik perhatian kuring nyaéta, Bah AA salaku pangarang teu
boga kakawasaan pinuh ka tokoh carita nu diciptakeunna. Bah AA teu apal
persis sabaraha umur Sari, naha 11 atawa 12 taun. Nu séjénna, Bah AA ogé
teu apaleun ka umur Sarwa. Bah AA ukur apal "Umur Sarwa téh kira-kira
saluhureun Jalma".

Sakitu heula, ké ditambah deui, upama entos maca episode-episode
salajengna. Réa hapunten sareng nuhun ti simkuring.


--
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke