Landong Manyun Pasosonten Pasangan Aki nini nu kakoncara harmonis dugi ayeuna tos 55 tahun akur, kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salebak. , saringkek saigeul.Sabobot sapihanean. Nuju ngobrol sonten2 bari ngopi & ngenteh. " Nie... aki teh sigana mah moal lila deui, maturan nini teh. Aki rek menta dihampura asa boga dosa ka nini teh" "Ari aki sok aya2 wae, pan saalami ieu aki sakitu bageurna ka nini teh,.....Nya naon atuh dosa aki teh, jeun engke ku nini dihampura pisan" "Nyaeta nini, aki teh kantos salingkuh......" "ha....baruk kantos salingkuh....sabaraha kali aki salingkuhna???!!!!" " dua kali nie...hampura nya..." "Nya atuh ari dua kali mah ku nini di hampura, da nienie oge kantos salingkuh. Ngan nini mah mun salingkuh sok nyimpen siki jagong dina keler" " baruk kitu, cik mana kelerna aki nempo!!!" " itu luhuren enggon(tempat tidur)"... ditingal ku si aki, dina keler aya 2 siki jagong sareng artos 200 rb. "Nie sarua atuh urang dua kali ewang salingkuh teh....., ngan eta artos 200 rb kenging timana?" "etamah hasil ngical siki jagong...kamari..." Akina....................gubraag...eleh euy...
________________________________ Dari: Tubagus Rifki L <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Kamis, 8 Maret 2012 15:51 Judul: [kisunda] basa nu dipake ku urang baduy ----- Pesan yang Diteruskan ----- [email protected] is not on your Guest List | Approve sender | Approve domain | Approve [email protected] Basa nu dipake ku urang Baduy di tatar kanekes eta basa nu teu wawuh kana amarah tur prasangka nu buruk. Sok sanajan ceuk urang kota asup kana babasan 'kasar.' Basa Sunda nu ku kula dipake dina milis ieu, mun make ukuran palajaran basa Sunda ti sakola, asup kana gaya basa nu teu ngagelong bangku sakola. Ieu Basa ti tatar Banten di mana kula hirup gede. Ceuk urang inggris, "Words do not tell you the meaning, people do." Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu. TiRiLik
