Hahahaha, bisaan pisan euy ki Hasan 3 Rut ngutak ngatikna. Enya kitu, ngan eta tahlilna panjang teuing; make aya ngaos Yasin. Atuh kabujeng Maghrib kulan. Da biasana mah ba_da maghrib nu tartil jeung tartib mah. Tapi ketang bada asar asal ulah wiridan heula mah cekap oge; ngan kurang tenang bada asar mah.
--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > Fiksimini - Tahlilan Posmo > Ku Ki Hasan > > Harita teh wanci ashar. Ngalangeu di tepas. Nyuruput kopi panas. Lalawuhna > beuleum Hui Cilembu. Kabeneran keur mulang ka lembur. Sanggeus mulan-malen > bubuara di kota. Kurunyung Ki Adi nyampeurkeun. "Kang, aya uleman > tahlilan!" "Na saha nu maot?" "Kapan Bah Kastum, ayeuna nembe tiluna." > "Inna-lillahi-wa-inna-ilaihi-rojiun. Beu, kutan Bah Kastum nu gagah, salira > jangkung badag, kumis baplang sangga dulang teh maot." > > Rengse sholat asar. Gidig muru imah tatangga. Kasampak batur salembur tos > hempak hadir, arandekak sila ngalingkung patengahan. "Assalamu-alaikum!" > "Wa-alaikumus-salam!" Nu hadir raong ngawalon. Solongkrong ngajak > sasalaman. Gup-gap dipapay ka sakur nu hadir. "Nuhun Kang tos kersa hadir!" > Sohibul-bait ngabageakeun bangun atoh. Koloyong muru tempat nu kosong. Gek > sila gigireun Mang Saca jeung Wa Karta. > > "Ehem... Ehem..." Ajengan dedeheman calikna ngangsrog. "Assalamu-alaikum. > Palawargi urang kawitan, ngarah rengse memeh magrib." Jep nu hadir repeh, > nu tingkelepus balem, roko mebes kana asbak. Lir dirigen, ajengan ngomando > ngaos bubuka taud-basmallah, laju Al-Fatihah. Jamaah raong nuturkeun, > soantenna naek turun, patarema, ngawirahma. Rengse Yasin, ditema > al-Ikhlas, al-Falaq, sareng an-Nas, diembohan petikan ayat al-Baqarah, > al-Ahzab, sareng al-Hud. Panyelangna Shalawat, Istighfar, sareng kalimat > thayyibah. > > Nincak bacaan "wafuanna waghfirlana warhamna" jamaah peureum beunta, edeg, > mastaka ngagilek ngenca ngatuhu, nga-gusdur, peureum tapi nyaring, nyaring > dina peureum. Ditumbu gerendeng "ya arhamar-rahimin", nu edeg tambah moyeg, > salirana oyag. Pangacian kumpul deui, sanggeus ngageder ngaos "La ilaha > illallah" nitir. > > Memeh tahlilan rengse, Ceu Eulis didapur cakah-cikih. Song gelas eusi roko > diiderkeun, aqua gelas dibagikeun. Solongkrong idangan kotak ka hareupeun. > Geuwat dibuka. Eusina aya kueh, karoket, lemper ketan, teu kaliwat > rajacere. Beu, tahlilan di lembur ge berekatna geuning idangan posmo. > > Catetan: > Kagegelan kanggo Kang Yadi Supriadi Wendy sareng Kang Tatang Sariman > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
