Hehehe, Ari Bah AA, teraskeun Cersil Jalma-na. Itu baraya tos ngadarepong.
Tong galideur.

2012/3/11 Abbas <[email protected]>

> **
>
>
> Saleresna mah kang dud oge hoded oge seratanana, bakat terpendamna teu
> acan dikaluarkeun; nembe kritik ka si itu sareng si eta; engke mah baakal
> aya "kejutan" geura. Pokona kang dud number One !
> Kantenan upami kersa nyerat ngeunaan dudiiyah mah. Hahahaha.
> Ari kuring mah ngan saukur tamba kesel lulumayaan bisa mah henteu.
> Malah bisa2 disangka menggurui.
> nu sok disebut SOK TAHU TEA.
> Lantaran kuring mah pendidikan minim, penaampilan oge panginten PATUT
> untuk dilecehkan. Hehehehe. Teu pantes ALUS teh.
> Hahahaha..................
> Hidup Ki Hasan 3 RUT.
>
> --- In [email protected], Dudi Herlianto <dudi.herlianto@...>
> wrote:
> >
> > Ki, beuki nikmat maca fikmin ki hasan teh geuning... heded ki! ki
> bujangga
> > hasan, kedap deui ngajanggelek. enggal geura ngadamel carpon, carnyam,
> > novelet, novel ah. diantos :)
> >
> > Pada 10 Maret 2012 07:28, Ki Hasan <khs579@...> menulis:
> >
> > > **
>
> > >
> > >
> > > Fiksimini - Tahlilan Posmo
> > > Ku Ki Hasan
> > >
> > > Harita teh wanci ashar. Ngalangeu di tepas. Nyuruput kopi panas.
> Lalawuhna
> > > beuleum Hui Cilembu. Kabeneran keur mulang ka lembur. Sanggeus
> mulan-malen
> > > bubuara di kota. Kurunyung Ki Adi nyampeurkeun. "Kang, aya uleman
> > > tahlilan!" "Na saha nu maot?" "Kapan Bah Kastum, ayeuna nembe tiluna."
> > > "Inna-lillahi-wa-inna-ilaihi-rojiun. Beu, kutan Bah Kastum nu gagah,
> salira
> > > jangkung badag, kumis baplang sangga dulang teh maot."
> > >
> > > Rengse sholat asar. Gidig muru imah tatangga. Kasampak batur salembur
> tos
> > > hempak hadir, arandekak sila ngalingkung patengahan.
> "Assalamu-alaikum!"
> > > "Wa-alaikumus-salam!" Nu hadir raong ngawalon. Solongkrong ngajak
> > > sasalaman. Gup-gap dipapay ka sakur nu hadir. "Nuhun Kang tos kersa
> hadir!"
> > > Sohibul-bait ngabageakeun bangun atoh. Koloyong muru tempat nu kosong.
> Gek
> > > sila gigireun Mang Saca jeung Wa Karta.
> > >
> > > "Ehem... Ehem..." Ajengan dedeheman calikna ngangsrog.
> "Assalamu-alaikum.
> > > Palawargi urang kawitan, ngarah rengse memeh magrib." Jep nu hadir
> repeh,
> > > nu tingkelepus balem, roko mebes kana asbak. Lir dirigen, ajengan
> ngomando
> > > ngaos bubuka taud-basmallah, laju Al-Fatihah. Jamaah raong nuturkeun,
> > > soantenna naek turun, patarema, ngawirahma. Rengse Yasin, ditema
> > > al-Ikhlas, al-Falaq, sareng an-Nas, diembohan petikan ayat al-Baqarah,
> > > al-Ahzab, sareng al-Hud. Panyelangna Shalawat, Istighfar, sareng
> kalimat
> > > thayyibah.
> > >
> > > Nincak bacaan "wafuanna waghfirlana warhamna" jamaah peureum beunta,
> edeg,
> > > mastaka ngagilek ngenca ngatuhu, nga-gusdur, peureum tapi nyaring,
> nyaring
> > > dina peureum. Ditumbu gerendeng "ya arhamar-rahimin", nu edeg tambah
> moyeg,
> > > salirana oyag. Pangacian kumpul deui, sanggeus ngageder ngaos "La ilaha
> > > illallah" nitir.
> > >
> > > Memeh tahlilan rengse, Ceu Eulis didapur cakah-cikih. Song gelas eusi
> roko
> > > diiderkeun, aqua gelas dibagikeun. Solongkrong idangan kotak ka
> hareupeun.
> > > Geuwat dibuka. Eusina aya kueh, karoket, lemper ketan, teu kaliwat
> > > rajacere. Beu, tahlilan di lembur ge berekatna geuning idangan posmo.
> > >
> > > Catetan:
> > > Kagegelan kanggo Kang Yadi Supriadi Wendy sareng Kang Tatang Sariman
> > >
> > >
> > >
> >
> >
> >
> > --
> > d-: dudi herlianto :-q
> > paciringan.wordpress.com
> > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
> >
>
>  
>

Kirim email ke