Fikmin #Bati Heureuy!#

Geulis manéhna téh, sampulur, mancung, cureuleuk. Bageur, soméah, pinter,
kawantu doktor lulusan MIT. Wanoja karir. Ngan masih lalagasan. Perbawa
sagala pinunjul, arang lalaki wani ngadeukeutan. Mindeng digonjak,
"Nungguan naon deui Din, sagala tos kasorang, tinggal rarabi." "Kersa ka
Akang? Ari taya nu séjén mah?" "Serieus Kang?" "Serieus!" poho ka nu di
imah. Manéhna nyéréngéh.

Sabulan méméh Rayagung, manéhna nepungan. "Kang! Dini sasih payun tos
panceg badé rarabi!" "Alhamdulillah, syukur tos aya jodona!" "Saha
pamegetna Din?" "Rusiah éta mah. Pokona akang kedah sumping, sadintén
saméméhna, duaan sareng Euceuna. Tong ngiringkeun barudak. Ngarah nyalsé!
Pangrereban disayogikeun!" Ukur hareugeueun, mireng nu capétang teu répéh.

Cunduk waktuna, belenyeng mangprung nohonan ondangan manéhna. Duaan jeung
pamajikan. Anjog ka imahna dibagéakeun ku kulawargana. Reureuh sakedapan.
Ba'da magrib diajak rempugan kulawarga. Ari pokna téh, "Kang, kapan akang
kungsi nyarios, serieus sejak mileuleuheungkeun Dini, kanggo nyarengan
Aceukna! Ayeuna urang jadikeun. Sagala kaperyogian tos disayagikeun. Enjing
urang baris dirapalan!"

JB, 11/02/12

Kirim email ke